Penulis: Siti Nurul Hasanah, S.Pd., M.M.

Siti Nurul Hasanah, S.Pd., M.M.
Oleh Siti Nurul Hasanah, S.Pd., M.M.
(GURU SMK NEGRI 1 CIKALONG KULON)
Kring ... kring .. kring
Sora telp ngirining ... aya sabaraha kalina
Kuring ngorejat .. terus ngangkat telp
"Aaaa..!!!" s ora adi kuring bangun aya nu kacida penting na ... "Saur emaa dipawarang mulih heula ayeuna keneh penting..., soal bapa"
.... gebeg ... jantung langsung tutunggulan harita keneh kuring langsung diuk camebleuk ... rus ras inget kanu jadi kolot... ngolembar beungeut bapa nu kacida geus kolotna ..sagala ringkah polahna ti mimiti kuring diakod basa neang sawah ...
Teu karasa cipanon nyakclak ... hampura apa ... abdi rumaos tamelar teu acan tiasa mulang tarima ... ampun Gusti titip anjeun na ... panjangkeun yuswana
Gura giru harita keneh kuring ..
Ngoncian panto imah ... sanggeus tarapti bari nitip
konci imah ka tatangga ... langsung nyelah motor honda GL ... sapanjang
sajajalan hate mah teuteup manco kabapa ... sieun kuma onam
Barang nepi kalembur katingali bandera koneng ...
kasampak loba jelema ... korsi pada
dikaluarkeun
Hate beuki tagiwur ... cipanon mah geus miheulaan
merebey ..barang ningali bandera koneng ..tan wande ..???
Motor langsung disarandekeun ... teu sirik na asal
nyangsang .. kuring langsung tuturubun asuk ka imah ... teu malire ...sobat
jeung tatangga nu ngabageakeun ... alatan hate tagiwur ...
Barang asup ... Ema langsung ngagabrug ...
"Ujang... !!!!! Bapa maneh ...."
"Kumaha bapa teh ema...?" ceuk kuring
bari nahan piceurikeun ...
Bapa maneh ujang ... ayeuna tos diangkat jadi ketua GOLKAR tingkat Desa.
