Penulis: An Nisa Nur Maulida

An Nisa Nur Maulida
Ku An Nisa Nur Maulida
(Guru SMAN 1 Cikembar)
Lebah kongkolak soca salira
Aya nu ngamalir
Tapina lain walungan
Horéng
Cimata maseuhan
Ragragan kawas cihujan
Bari neuteup geugeut dina eunteung
Singhoréng beuki baluweng
Kapindingan lalangsé haté
Meureun rék balaka
Ngan teu kedal
Bororaah rék ngahontal
Puguh laip-laip acan
Cililin 6 November 2021