CARPONDAK

Penulis: Irma Fitriani, S.Sn

Dibaca: 70 kali

Irma Fitriani, S.Sn

Oleh Irma Fitriani, S.Sn

(Guru SLB Cahaya Gemilang Pertiwi Kabupaten Cianjur)

 

Karangan 1

Tema : Kajujuran dina Kulawarga.

Judul :  Dititah balanja.

DITITAH BALANJA

Dinten minggu Didin nuju anteng gogoleran dikamar, torojol Ema datang mawa sapu bari ngajorowok.

Ema : “Ya Allah Didin kasep bager enggal gugah, bantosan ema meser beas ka warung mak enok 3 kilo ieu acisna 50.000  rebu”.

Didin : “ Muhun mangga ema, Didin angkat hela, assalammualaikum’.

Ema : “ Langsung uwihnya, waalaikumsalam”.

            Didin angkat kawarung nyandak acis 50.000 rebu, teu acan dugi warung Didin teu kahaja ngareret ka nu icalan langlayangan disisi jalan. Dina hatena didin hoyong pisan eta langlayangan teh warnana koneng herang meni pikaresepeun.

            Didin ngahuleng di handap tangkal rambutan

Didin : “aduh eta langlayangan nu koneng sae pisan. Bade meser ah”

Didin : “eh tapi ieu artos na kanggo meser beas. Kin deui ah langlayangan mah”

            Didin teu janten meser langlayangan. Didin teras ka warung meser beas, saatos meser beas Didin langsung uih ka bumi kanggo masihkeun beas ka ema. Saatos masihkeun beas didin carita kaema yen Didin teh di jalan hoyong meser langlayangan, tapi Didin te janten meser kusabab artosna kanggo meser beas. Tiba-tiba ema nyandak artos pamulangan nu tadi dianggo meser beas.

Ema : “Din ieu artos kanggo meser langlayangan”

Didin : “Haatur nuhun ma, ayeuna Didin bade angkat meser langlayangan”

            Didin lumpat kaluar terus meser langlayangan nu ditinggali tadi di jalan. 

 

Karangan 2

Tema: Ngajaga kabersihan kampung

Judul:  Herang panon

 

HERANG PANON

Sabulan sakali masyarakat kampung Ciheulang rutin ngayakeun kerja bakti. Biasana ngayakeun kerja bakti pas poe minggu, pas para warga kampung ciheulang libur ti padambelanna. Pak RT ngainstruksikeun para warga na kanggo bebersih di masjid, saluran cai, sareng ngabersihan jukut nu tos bala.

Kerja bakti eta dibagi-bagi antara pemuda sareng bapak-bapak. Biasana pemuda nyandak padambelan ngabersihan masjid sareng ngabersihan jukut nu tos bala. Sedengken saluran cai biasana di bersihan ku bapak-bapak.

Pak RT : “Bapak-bapak sareng para pemuda dinten ayeuna urang bersih-bersih sapertos biasana.    Bapak-bapak ngabersihan saluran cai, sedengken pemuda ngabersihan masjid sareng ngabersihan jukut.”

Warga : “Muhun Pak RT, hayu urang lajengkeun”

                   Pas bapak-bapak kerja bakti, tugas para ibu-ibu nyaeta masak kanggo nyuguhan bapak-bapak sareng para pemuda. Ibu-ibu masak sangu liwet, gorengan, sareng nyuguhan kopi. Biasana ibu-ibu nyuguhan anu tos darambel pas lebet waktos lohor (dzuhur). Waktosna Tuang ibu-ibu, para pemuda, sareng bapak-bapak tuang sasarengan. Karaos nikmat ninggal para warga wareg, sareng karaos herang  panon pami ninggal lingkungan anu bersih tur endah.

 

Karangan 3

Tema : Silih asih jeung babaturan.

Judul :  Ngupahan nu ceurik. 

NGUPAHAN NU CERIK

Dinten senen di sakola, pelajaran terakhir nembe rengse. Sadayana murid mulang ka bumi masing-masing. Pas bade kaluar kelas Tini ngadangu aya nu ceurik. Tini ninggali Siti nangis di pegker kelas, teras Tini langsung nyamperkeun Siti.

Tini : “Siti kunaon ceurik?”

Siti : “Teu kunanaon Tin”

Awalna Siti alim nyarios kunaon. Tapi ditaros deui ku Tini.

Tini : “Kunaon Sit? Bilih aya nu tiasa ku abdi bantos”

Siti : “Saleresna artos abdi teh ical Tin”

Tini : “Artos kanggo naon emang na Sit?”

Siti : “Artos anu ical teh kanggo naek angkot Tin, kanggo abdi uih”

Saatos Tini ngadangu alesan Siti nangis, Tini langsung masihan artos kanggo Siti uih ka bumi.

Tini : “Sit ieu candak artos abdi, kaleresan cekap kanggo SIti naek angkotmah”

Siti : “Leres ieu teh Tin?”

Tini : “ Leres Sit, kaleresan bumi abdimah caket, mapah oge dugi.”

Siti : “muhun atuh Tin ku abdi ditampi artosna, enjing ku abdi digentosan artosna”

Tini : “muhun manga Sit, hati-hati di jalanna”

Siti : “ muhun Tin Hatur nuhun pisan”

                 Saatos eta Siti bungah, langsung mulih ka bumi na. isukanna artos anu di tambut ku siti di gentosan ka Tini.

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...