CITA-CITA

Penulis: YENI KUSMAYATI, S.Pd

Dibaca: 79 kali

YENI KUSMAYATI, S.Pd

Carpon Karya YENI KUSMAYATI, S.Pd

(Guru B. Sunda SMAN 1 Cikijing Majalengka)

 

Sakapeung sok sirik nempo batur nu dipikanyaah jeung diogo ku indung bapa. Lain kuring teu dipikinyaah atawa teu diogo ku indung bapa,tapi ti leuleutik kuring mah hirup jeung aki nini. Duka kunaon aki beut menta kuring milu hirup jeung aki nini. “Keun Maya mah rek diurus ku bapa,” ceuk Aki ngomong ka Ema harita.

Harita kuring nurut milu ka aki da ceuk pikir masih bisa panggih jeung ema bapa da deukeut ieuh lembur teh. Kuring dikukut ku Aki nepi ka tamat SMA.

Inget keneh waktu kuring asup ka SD didaftarkeun ku aki bari tumpak motor Vespa. Sanajan kuring teu kapalire ku indung bapa,tapi alhamdulillah kuring bisa tamat SMA kalawan prestasi anu cukup nyugemakeun.

Ti leuleutik kuring geus boga cita-cita hayang jadi pagawe. Kuring sok resep nempo emang jeung bibi kuring anu jaradi pagawe. Resep jigana mun jadi pagawe,unggal bulan nampa gajih,ceuk gerentes hate kuring. Beda pisan jeung ema bapa nu pakasabanana dagang. Balik dagang rumahuh cape komo bari jeung teu payu dagangna,rek balanja dagangan unjam injeum duit da modalna ngurangan. Tah mun kitu teh sok nyeri pisan hate kuring.

“Kuring mah kudu jadi pagawe,” gerentes hate kuring. Kuring hayang jadi pagawe beh bisa ngabungahkeun ema jeung bapa,eta jangji kuring dina hate. Ti dinya kuring beuki sumanget diajar da kuring hayang kuliah,hayang jadi pagawe.

“Sok diajar sing suhud beh ditarima di PTN,” ceuk mamang kuring harita nyumangetan ka kuring.

Teu kabayang bungahna basa kuring ditarima di salah sahiji PTN, nepi ka kuring boga gelar sarjana saperti anu dipikahayang ku kuring. Alhamdulillah ema jeung bapa bisa ngawaragadan kuring kuliah sanajan bari hutang injeum oge. 

“Alhamdulillah Maya lulus jadi sarjana,sok didungakeun ku ema sing jadi pagawe Maya mah,” ceuk ema harita.

Doa ema jeung bapa teh mujarab geuning.... Ngendek sababaraha taun ti kuring lulus kuliah,kuring diangkat jadi pagawe. Teu kabayang bungahna kuring oge ema jeung bapa harita. Kuring ceurik sujud sukur bari jangji hayang ngabungahkeun ema jeung bapa.

Sababaraha taun ti saprak kuring jadi pagawe...ema jeung bapa marulang ka Mantenna dina waktu anu teu jauh beda padahal kuring can bisa ngabungahkeun aranjeunna. Kuring nyegruk ceurik dina pangsujudan...aya cita-cita kuring nu can kahontal nyaeta ngabungahkeun ema jeung bapa.

 

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...