Penulis: Wiwin Herna Ningsih

Wiwin Herna Ningsih dan Rekan
Yasana Wiwin Herna Ningsih
Hariring Bandung
hariring kuring
Nyelap dina ati
salawasna
Kawih Bandung
kawih kuring
Saestuna matak
kayungyun
Lemah cai kuring
Nyaeta ranah
sundawi
Milu hibar
kakoncara
Nembragkeun rasa
kaasih
Pinuh kukaheman
Dina sagala widang
pancen gawe rancage
Purbasora nyaliara
kana raga
Nyematkeun wawangi
kana jiwani
Mangrupa
kekembangan mapaes rasa katineng
Kana awaking ratu
kinasih
Lir Putri Bandung
Anu hurung ngempur
mungpurung
Tah sora Bandung
Tutunggulan lisung
jeung halu
Anu aya di lebak
cawene
Nanjeurkeun
kahirupan alam padesaan
Salawasna silih
asah, silih asuh, silih asih
Babakuna siliwangi
silih wangian papada jalma
Tah sora Bandung
Lir bentang
baranang caang salawasna
Nu kawentar ka
mancanegara
Nyaluuhan rasa
satia keur sakumna rahayat sundawi
Wiwaha mukti
perbawa sakti
Jang salawasna
abadi tinekanan
King Of Mandala, 9
Juli 2023