Penulis: Eulis H. Saputra

Eulis H. Saputra
Ku: Eulis H.
Saputra
(KACI/PATREM)
Panon poe geus
surup muru kulon
Ngagilir pancen
keur fajar meletek ti beulah wetan
Nyumorotkeun
cahyana nu gumebyar nyaangan alam
Ngabageakeun taun
anyar
Anyar dina itungan
waktu manjangkeun umur
Manjangan
silaturahmi ka Alloh nu Maha Ghafur
Da, mungguh bulan
jeung tanggal mah angger teu ngised tina pananggalan
Taun nu bakal
disorang jadi taun pangharepan
Keur sakumna jiwa
nu nyeungceum kahayang
Najan can nembrak
naon nu baris
disanghareupan
Dalah implengan
mah geus kasawang tina tarekah jeung lampah nu keur dilakonan
Aweuhan sora
nganteur peuting pamustungan
Ngiderkeun do'a nu
direka dina rumpaka kahirupan
Dina sela-sela
sasalad nu can ingkah balilahan
Tumaninah
ngalalana makalangan
Ngajak surti,
numpi diri dina sumerahna raga jeung nyawa
Muka taun ku
rupa-rupa kapentingan
Di Citembong
narembongan pangharepan
Ngais aweuhan
parerendeng jeung do'a kayakinan
Nu digalantangkeun
dina saban renghapan
Ngetrukeun
sesa waktu
Inggis tinggaleun
garapan
Rasa rumasa asa
lulus mulus banglus
Ngaliwatan
panjangna mangsa
Sedeng nu lian mah
ukur ninggalkeun catetan
Nuliskeun ngaran
dina padung di pajaratan
Sujud pangharepan
minuhan kebekna ati
Ditebar na
paimbaran
Mayunkeun iman
netegkeun kayakinan
Bruh- breh
kalangkang sipatahunan
Nganteur raga dina
rawayan kasatiaan
Mangsa nu geus
karandapan
Disaput ku rasa
syukur
Kacatet dina
sajarah di kalanggengan
Gurat nu diukir
dina pigura hirup
Ditebrengkeun dina
layar angkeuhan
Sugan aya bagean
piagam kasinugrahan
Pamaheut ati dina
lambaran kertas nu ditandatanganan
Semet mana nu jadi
udagan?
Geuning loba keneh
pangharepan jeung implengan nu kudu diibadahan
Nu teu aya di
sakolaan
Nu moal bisa
diijazahan
(Leuwigajah, 1
Januari 2022)