KAMPUNG KALIDASA

Penulis: Wiwin Herna Ningsih

Dibaca: 185 kali

Wiwin Herna Ningsih

Yasana Wiwin Herna Ningsih

 

Sampurasun...

Pun... Pun... Tabe... Pun

 

Kampung Kalidasa

Nyaeta kampung para jawara

Dina widang pancen gawe rancage

Ngawangian titinggal karuhun

Dina prak rampak lengkahna

Mamanis ranah sundawi

 

Kampung Kalidasa

Nu jadi guru sajatining kahirupan balarea

Sabage amal nu pangluhurna

 

Hal nu utama dina kasarasian

Hayu urang hijikeun ragawi lan jiwani

Kana hirup Kahuripan ngahiji

 

Sabage bukti dina laku guna manfaat

Ka Sang Hyang Widi

Sajatina dina hal ngahaluskeun budi

Sareng ngalembutkeun jiwa

 

Kampung Kalidasa

Nyaeta hiji jiwani lan swarga alam

Hening kalayan wening

Sarasa sarasi ngahiji

Sumpah babakti diri salawasna

Ka Sang Hyang Maha Tunggal

 

Pun... Pun.... Tabe... Pun....

 

King Of Mandala, 9 Juli 2023

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...