Penulis: Atin Kartinah

Atin Kartinah
(Pengawas SMP Dinas Pendidikan
Kabupaten Garut)
Leuwih ti satengah jam kuring
ngaragameneng di pos ronda sisi lembur. Kahayang mah buru buru balik beberesih
awak urut sapopoe guley jeung leutak sawah. ieu karek beres ngangler, isuk
bagean tandurna. Poe ieu masih situasi poe lebaran katilu kuring kudu
silaturahmi jeng dulur anu karek jol kalembur. Tapi rek balik kumaha apan teu
ngeupeul duit sapeser peser acan, anu kuduna mah poe Jumaah teh kuring meunang
bayaran urut timimiti macul saacan lebaran nepi ka ngangler poe ieu. Tapi dasar
nasib keur tiis aya wae hahalangna.
“Hampura jang Salim, Pa Haji teh moal bisa
mayar buruh poe ieu. Poe ayeuna budak nukuliah di Bandung menta duit keur mayar
kuliah, jadi duit keur buruh teh beak keur budak heula. Tungguan sugan pageto
mah aya duitna urang ngajual segon heula.” Kitu tamadana Pa Haji, basa kuring
namprak buruh urut gawe saminggu ngolah sawah kagunganna.
“Muhun Pa Haji.” Ngan sakitu jawaban teh,
bari hate mah estu mentegeg. Bingung saluhureun bingung kumaha kuring kudu
ngabebenjokeun budak nu ngarenghik ti tilu poe katukang hayang dahar di
restoran KPC cenah. Budak teh ngadenge dongeng babaturana yen dikota ayeuna aya
sababaraha tempat balanja anyar tur gede anu dijerona aya tempat kulinan aheng
anu matak pikaresepen budak saumurana. Budak oge nyebutken yen tempat eta
ngarana Mal dijerona aya tempat dahar oge anu ngarana KPC.
“Jang kasep ku enin dipangmeuncitkeun
hayam, ke urang goreng make bumbu kentaki.” Kadenge indung kuring ngupahan.
“Alim, abdi mah hoyong emamna di restoran
KPC jiga babaturan ujang emam didinya.” Cenah keukeuh.
“Urang meser tinu icalan goreng ciken we
atuh nu caket pasar.”
“Alim, alim.abi mah hoyong emam di
restoran KPC.” Budak teh keukeuh, kalah terus ngahinghing ceurik bari lumpat ka
kamarna.
Ieu nu nyababkeun kuring bingung, sabab
satadina gede hate poe ieu pa haji bakal mayar buruh ngolah sawahna. Matak tadi
isuk isuk mah memeh jung ka sawah, basa si ujang nanyakeun deui iraha rek ka Mal anyar anu aya restoran KPC terus ulin di tempat
pangulinana, kuring ngajangjian isuk minggu rek diajak ka kota. Budak langsung
jigrah bari lumpat ka imah ninina. Kadenge ti jauhna budak gogorowokan
“Enin enjing bapa rek ngajak ujang ka
restoran KPC cenah teras ameng di tempat kaulinan” Kuring ukur mesem, bari ceg
kana pacul tuluy muru sawah erek ngangler.
Sora adzan asar ngagareuwahkeun lamunan,
sanajan bari bingung kuring cengkat muru imah. Kasampak si ujang keur tibra.
Kuring gura giru beberesih bisi tinggaleun solat asar berjamaah. Rengse solat
teu langsung mulang ngadon nangunjar ngareureuhkeun kacape, jeung mikiran
kabingung.
Sakolebat kabayang amanat si jenat basa
memeh ninggalkeun kuring jeung si ujang, nu harita karek umur tilu taun keur
meujeuhna kembang buruan.
“Kang, mun ai dipundut kunu kawasa ayeuna,
omat mihape si ujang. Laksanakeun kahayangna nu kadada kaduga mah.”Cenah
dareuda, katembong renghapna beurat. Kuring ngan ukur unggeuk lalaunan, bari
nahan rasa nupagalo dina dada.
Anu dipikahariwang ku kuring akhirna kajadian
oge, basa si ujang apal kuring jalir manehna ngageunggeuik ceurik nu teu bisa
diupahan jeung dibebenjokeun ku naon naon oge. Kuring bati bingung teu apal
kudu kumaha pilakueun. Ampir tengah peuting si ujang kakara bisa sare, bari
dikeukeupan ku ninina.
Basa kuring rek indit ka sawah sabab poe
ieu waktuna tandur, kuring nyelang ninggali si ujang.
Basa tarangna dicabak karasa haneut,
tetela budak teh hareeng.
“Jang, cig we rek ka sawah mah. Keun si Ujang
mah ku ema di urus, urang baluran ku bawang beureum.” Indung kuring
ngahenjugkeun sangkan kuring indit gawe.
Ampir dua poe si ujang hareengna, bari
angger we pundung ti kuring. Embung dideukeutan deukeutan acan. Alhamdulillah
di poe ka tilu satutasna kuring rengse tandur, pa haji ngageroan.
“Jang, ieu buruh ngolah sawah teh. Hampura
telat.” Ceuk pa haji bari ngeupeulkeun duit kana dampal leungeun kuring.
“Alhamdulillah, nuhun pa haji.” Bakat
kubungah kuring nyium dampal leungeun pa haji.
Sanepina ka imah, kuring buru buru
nembongkeun duit ka si ujang bari ngajangjian isuk urang ka kota dahar di
restoran KPC tea. Si Ujang nu kakara engkeut engkeut cageur, langsung surak
jigrah bari nangkeup ka kuring. Budak teh ditangkeup bari
diusapan sirahna. Teu karasa cimata juuh, alatan ngarasa dosa teu bisa langsung
nedunan kahayangna.
“Hampura bapa ujang.” Celengok budak tek
dicium pipi kenca katuhuna.
“Bapa, enjing teh urang enjing enjing nya
beh teu panas.” Pok na teu sabar.
“Muhun, ujang na we gugahna ulah
kasiangan.” Tembal teh ngaenyakeun.
Bada isa ge budak teh bebeja rek sare,
bisa kabeurangan pokna. Alhamdulillah kuring muji sukur ka Pangeran nu tos
maparin rizki keur ngalaksankeun kahayang si ujang.
Jam tujuh isuk isuk si ujang geus saged
beres didangdanan ku ninina, keukeuh maksa kudu indit harita keneh. Sajam naek
angkot, atuh memeh jam salapan oge kuring geus nepi ka alun alun kota. Kuring
ngajak leumpang si ujang da Mal tempat restoran KPC teh teu pati jauh. Tapi
basa nepi ka tempatna kuring jeung si ujang hareugeueun da geuning restoran teh
can muka. Basa kuring nanya ka satpam nu aya didinya, manehna mere jawaban
bukana jam sapuluh cenah. Keur ngabebenjokeun si ujang kuring ngajak balik deui
ka alun alun, si ujang rada ka bebenjokeun da resep ninggali barudak
sapantarana nu arulin sasapedahan.
Sanepina ka restoran KPC geus aya sasabara
urang ngantri. Pas bagean kuring, pelayana nanya someah.
“Selamat pagi, mau pesan apa pa? Pokna,
kuring sakedapan teu waka ngajawab da bingung.
Maaf barangkali mau yang paket ada nasi,
ayam dan coca cola.” Cenah deui nawaran.
“Kumaha jang, bade numana ?” Kuring nanya
ka si ujang
“Eta we pa.” cenah, meureun budak ge
bingung barieukeun loba teuing bari teu apal.
“Iya paket itu saja, neng.” Ceuk kuring
bari nunjuk gambar anu ditawarkeun ku pelayan tadi.
“Pesan dua pa?”
“Satu saja neng.”
“Silahkan duduk pa, nanti pesanannya diantar.”
Ceuk pelayan teu weleh someah, bari ngasongkeun pamulangan jeung nomer meja.
“Naha pesen teh ngan hiji pa, ari bapa
naha henteu?” Si ujang nanya heran
“Bapa mah wareg
keneh, tadi geus sasarap beuleum sampeu jeung gula beureum.” Jawab teh. Padahal
beuteung mah geus karasa lapar, sasarap tadi alakadar ngahuapkeun beuleum
sampeu. Tapi apan duit teh lain keur monyah monyah, can karuhan aya deui nu
muruhkeun gawe. Gawe di pa haji ge paling bulan hareup deui lamun waktuna
ngagemuk.
Si ujang meni ngalimed daharna estu
katinggali nikmatna. Enya bener bener hayangna teh. Hate mah ngangres, hayang
mah ngagukguk ceurik kagugu ku ningali polah budak nu geus dua taun
ditinggalkeun ku indungna.
“Deudeuh ujang, hampura bapa. Mun seug aya
pakeuna mah naon nu dipikahayang ku hidep bisa kacumponan. Sok ku bapa
diduakeun, hidep sing gede milik.” Batin ngagerendeng bari teu leupas neuteup
si ujang neu keur nyuruput coca cola.
(Potret carita situasi sosial di daerah
transisi anu mugkin nimbulkeun kamiskinan struktural di masyarakat. Kamiskinan
struktural nyaeta kamiskinan anu disebabkeun ku pembangunan)