KUCIWA PUDAR KU TRESNA

Penulis: Leni Yunia Daswati

Dibaca: 57 kali

Leni Yunia Daswati

Ku. Leni Yunia Daswati

(Guru SMKN 1 Sumedang)

                                                           

Poé saptu isuk isuk Mala hudang rada tanginas, méméh adzan shubuh geus ka cai, gebrus mandi beberesih awakna nu karasa cepel jeung bayeungyang, tuluy ngadegkeun Qiyamullail sebot dzikir, hawar hawar kadéngé sora adzan, salakina indit ka Masjid nu teu jauh ti imahna, Mala mah shalat shubuh di imah saba'da sholat tuluy nilepan mukena koloyong Mala ka dapur tayohna geus sono ka  katél  jeung panci, prak manéhna usuk asak ngahaneutkeun sangu jeung ngadadar endog pikeun sarapan saimah imah, budak dua, salaki, indung, bapa jeung indung mitoha beunang diitung sakumaha rempeg na jalma pangeusi imah, matak reugreug jeung pikaresepeun, saréréa kumpul ngariung saimah.

Imah gedé henteu asa keueung sabab kabéh kamer anu lima kaeusian, ngan nyakitu kudu rada réa dina nyadiaan dahareun sapopoé, sajaba ti éta masing masing béda pangaresep, aya nu resep gogoréngan garing, aya nu resep lauk jeung daging aya nu resep sayur waé , tujuh urang tujuh seléra, mun dipikiran matak lieur ngayakeunnana ,tapi pikeun Mala teu ieuh jadi bahan pikiran, keun waé da aya salaki nu nyiar kifayahna, kabeneran boga salaki na téh kacida sholeh jeung balabahna, dina méré résiko dapur tara itungan, malah ampir unggal poé minggu salakina sok ngajak ulin kulawarga boh sakadar ngadon dahar diluar atawa jalan-jalan ka tempat wisata anu éndah, rumahtangga Mala jeung salakina ayem tengtrem taya gogodana, itu ieu pada-pada mikacinta, runtut raut sauyunan kacai jadi saleuwi kadarat jadi salebak lain ukur paribasa, éstu laksana sapopoéna,  cukup sandang, cukup pangan, leuwih ti éta kabutuhan tértiér ogé bisa kacumponan kendaraan nyampak hiji séwang jeung salaki, imah sigrong, weweg, pageuh éstu matak reugreug, hirup nanjung dirungrum kabungah manah di beberah bagjana dunya, tingal syukuran ka nu Kawasa nu parantos maparinan sadaya ni'mat,  waragad sakola budak teu pati beurat da laleutik kénéh.

Sok sanajan diimah loba kaulaaneun tapi Mala teu boga asistén rumahtangga alesanna indungna sok teu payaan mun diimah pagilinggisik jeung jalma lian téh cenah asa kararagok basana téh, nya akhirna Mala ngawayahnakeun migawé ampir kabéh pagawéan kusorangan, kajaba ti ngistrika, ngepél jeung meresihan kamar mandi ogé buruan sok dibantuan ku bi Icih nu heuleut sapoé datang ka imah pikeun babantu, ngan mun urusan masak kabéhanana full dipigawé kusorangan. Kacipta kumaha muih na isuk isuk mun dina mangsa poé sakola, nguruskeun budak dua nu gedé kelas 1 SMP nu leutik kelas 3 SD. Salakina dines ngadosénan di salah sahiji perguruan tinggi negeri nu aya di kotana.

Ngawulaan genep jelema énténg bangga, kaparengan poé ieu mah barudak teu ka sakola nu leutik libur da sakolana ngan tepi ka poé juma'ah, nu gede rada harééng jadi teu bisa indit sakola, ngan nya édas bapana mah teu aya libur angger waé kudu dines aya kegiatan di kampus cenah,  budak nu gedé nyebrét panas, matak hariwang kudu diubaran ka dokter sok sanajan satadi na mah hayang istirahat ngareureuhkeun kacapé balas kukasibukan unggal poé ti senén nepi ka juma'ah.

Bérés sarapan Mala  geus haget deui manaskeun mobil, maksudna rék indit ka dokter ngubaran budak nu harééng, apal Mala rék indit mawa mobil, indung bapa jeung mitoha kawas budak hayang ngarilu majar téh sakalian jalan jalan, bosen cenah cicing di imah waé mah. Atuh bring saréréa ngarilu, mobil pinuh disupiran ku Mala laju nuju ka klinik.

Sajajalan dina mobil Mala ngagerentes ,asa hayang seuri budak gering saurang nu nganteur nepika saimah imah genepan katujuh ucing ingon ingon si Bungsu teu tingaleun ngilu dibawa, kawas anu rék piknik jauh, nyéh manéhna seuri sorangan kagugu ku kaayaan harita, dina mobil ejrod nu ngarobrol pangpangna budak dua meni patarik-tarik nu gering gé sorana mah  bedas kénéh.

Nepi ka Puskesmas nyampak pasén pinuh naker nomer antrian kabagéan no 45 harita karék no 30 hartina nungguan 15 urang ka dipanggil, mokaha aya kana 2 jam na nungguan tepi ka meunang ubar. Geus beubeunangan ubar mah bring Mala saparakanca mulang deui ka imah, bari di jalan saperti biasa barasimpangan, si bungsu hayang jajan karokét, és krim jeung coklat, nini na hayang cau, si aki palay peuyeum, komo deui nu harééng sagala hayang,  teu pira ti puskesmas ka imah ukur jarak 2 km tapi matak cocéng eusi dompét.

Nepi ka imah lain cicing ngabaheuhay, Mala mukakeun kurung nyampak deungeun sangu sésa sarapan, beuteungna karasa murilit.Teu miceun deui waktu atuh der wé suksak siksik saaya aya nu dina kulkas, daging sapi pesenan si cikal tuluy di ungkeb,  témpé digoréng, bayem jeung wortel diangeun.Sajam tiharita deungeun sangu geus arasak, saurang saurang nu lalapar mimiti dahar, mimiti ti mitohana, si bungsu, Mala bari ngahuapan si cikal nu keur gering, estu can aya pisan waktu keur reureuh, teu bisa diuk diuk acan ti barang jol ngaleg nangtung di dapur

Teu kungsi  lila kadengé sora mobil bapana, panto pager tukang digembok kénéh pédah tadi ditaringgalkeun ka luar, bapana nyalukan si bungsu, budak haré haré nyoo hp, Mala pakupis méré ubar ka si cikal, lain teu ngarasakeun kacapé salaki nu karék jol ti pagawéan katambah ku teu sabaran nepika gogorowokan, panto pager dibukakeun, bapana datang bari semu ambek majar panto euweuh nu mukakeun bari teu eureun kukulutus, kuring ngasongkeun cai nginum sugan jeung sugan leler, kaambek teu acan ilang, gelas teu di tarima, na haté ngagerentes marukankeun nu ngarasa capé téh ukur anjeun ? Kuring gé sarua ti isuk jedur muih siga kolécér katebak angin, Nyel haténa jadi keuheul, satadina nu datang rék dibagéakeun ku kabungah kiwari haténa jadi medengkel, wilujeng tuang Akang wayahna abdi moal nyarengan, ceuk Mala ngajengkét asup ka kamer bangun kuciwa.

Di kamar tuluy nginghak cipanon murubut maseuhan pipi bet asa diteungteuinganan ku salakina, kacapé henteu dihargaan, Mala Istighfar, dina haté nu pangjerona aya nugagerentes ngupahan dirina, deudeuh teuing Malati geulis...sing rido hidep téh énggoning babakti kanu jadi salaki.Panto kamer aya nu mukakeun, salakina asup gék diuk dina sisi risbang, leungeunna ngusapan  sirah bari ngaharéwos ngajak dahar, Mala ngulisik bari unggeuk tuluy hudang, jung nangtung dikaléng ku salakina pinuh katresna, duanana muru dapur dahar paduduaan bangun ni'mat pisan. ***

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...