Penulis: Memet Ahmad

Memet Ahmad
Karya: Memet Ahmad
(Guru SMAN 1
Cikembar)
Dimana nya kuring?
Lieuk asa deungeun
deungeun
Tanggah asa
lamping jeung lamping
Cukleuk leuweung
cukleuk lamping
Jauh ka sintung
kalapa
Kudu ka saha nya
kuring nyanding
Kudu kumaha nya
kuring ngahariring
Nyanding
ngahariring ngajirimkeun dangding
Kunaon nya ari
kuring?
Hate ngan noroweco
bae loba kahariwang
Loba kahayang
ngadangeuang haleuang
Ngawakcakeun basa
…. Tapi
Kunaong nya ari
kuring …..
Awak bet teu
walakaya sabab mangsa geus bareda
Cumarita dina
jeroning dada … kuring asa
Nincak
longkewangna kahariwang
Hariwang kana hiji
wanci nu bakal mustari
Hariwang kana
mangsa nu bakal tumiba
Sabab kiwari geus
ngagambar aksara kana bakal mangsana
Melak jahe datang
jahe
Melak bonteng
datang bonteng
Melak hade bakal
hade
Melak goreng bakal
goreng
Kumaha atuh nya
kuring kuduna!