KURING JEUNG HIRUP

Penulis: Drs. Agus Setiawan, M.Pd.

Dibaca: 388 kali

Drs. Agus Setiawan, M.Pd.

Oleh Drs. Agus Setiawan, M.Pd.

(Kepala SMAN 1 Cikampek)

 

Kuring, anu ngalaman jadi Ojek Aplikasi. Ngasaan kumaha pait peuheurna. Mentrang-mentring panasna panon poé di jalanan, katambah mun hujan, nya ambyarrr kabulusan. Jeung deuih, remen pisan pagetruk peureup jeung para opang.

Kuring, anu ngalaman jadi Padagang. Ngasaan kumaha jumeritna para pelanggan. Anu seueur pisan hoyong itu ieuhna. Komo deuih, mun para padagang geus ngedalkeun katugenahna, alatan mangbulan-bulan katarajang dampak covid, beuh nobros pisan kana manah, Lurrr.

Kuring, anu ngalaman jadi Fasilitator Atikan. Ngaraosan, kumaha tumuwuhna behavioristik murangkalih anu Dinamis. Ehmmm, Éndah Jungjunan!

Ayeuna, kuring kedah ngalanglang buana deui ka hiji tempat anu teu biasa pikeun Huripna kuring...

Da kitu, mungguh hirup mah!

Sampeureun jeung Sampeuran,

Aya nu ilang jeung datang,

Tapi rék di mana waé ieu Jatining Diri,

Mung hiji prinsip anu dicekel pageuh ku kuring,

"Sing inget kana purwadaksina"

Ieu nembé awal ti hiji Perjuangan, tebih  kénéh kana Jatining diri na Kahirupan

Cag, Sunda!

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...