Penulis: EVI LUSIANA, S.P.

EVI LUSIANA, S.P.
Ku EVI LUSIANA, S.P.
(Guru SMKN 1
Cugenang)
Anaking jimat
awaking....
Bral geura miang
Pek geura papay
tarahalna batu koral
Jug geura
jujgjug luhungna gunung
Sok geura ngojay
dina jerona sagara
Anaking jimat
awaking....
Najan hese
nyingraykeun lalangse hate
Najan beurat
ngagubragkeun hidep tina pegeuhna aisan
Piraku beurang
peuting hidep merenah dina keukeupan
Sanajan kitu nu
dipikahayang
Anaking jimat
awaking....
Ala pangarti
nepi ka masagi, hontal cita cita nepi ka jucung
Dibarengan
kayakinan nu leubeut ku doa
Bakal nepi ka
hiji mangsa
hidep datang
mawa kabagjaan
Cianjur, 26
Oktober 2021