Penulis: Wiwin Herna Ningsih

Wiwin Herna Ningsih
Karya Wiwin Herna
Ningsih
Hung...
Parukuyan ngelun
ngawang ngajomantara
Mangrupa Sang
Hyang Greda
Ngahiliwir kana
wanci nu linduh kana bestari
Tina hiji
milangkala Pusaka Kalidasa nu ka tilu
Rampak lengkahna
para Jawara
Garincing
ngahentak sairama kendang kahirupan
Laju laksana Sang
Hyang Sendang
Ngalinduhan
nonoman ti sukma sukma nu perkasa
Kakawihan tanah
Sundawi
Nyaeta sarwa
hideung pinuh wibawa sareng percaya diri
Ngarentas
kahirupan ti sadaya
Kalangan sareng
kaayaan
Luhung ku elmu
jembar ku pangabisa
Kukuh pengkuh kana
tatanan agama
Sareng ngamalkeun
Pancasila nu sakti
Kanggo kemakmuran
sareng limpahan sandang, pangan, sabage titik bakal kahirupan urang
Nu dipageran ku
kaimanan
Sarta katakwaan ka
nu Maha Tunggal
Sareng motto
Trisula
Ngalingkupan Nusa,
Bangsa, sareng Agama
Iman, Islam,
sareng Ikhsan
Sakedahna munjung
ka Indung, muja ka Bapa
Sareng teu
ngahilapkeun Sang Hyang Widi nu Maha Perkasa
Urang persiapkeun
diri, sateuacanna, ayeuna, sareng nu bakal datang
Cur mancur cahaya
emas sanjata Kujang
Sabage refleksi
anu seukeut sareng daya kritis
Nyaeta motto
kakuatan sareng wawanen
Kanggo
merjuangkeun hak hak sareng kabeneran
Kujang teh asalna
tina Ujang
Ujang teh hartosna
Manusa
Manusa nu
ngajungjung ngaluhuran nilai budaya
Dina
ngalestarikeun budaya tanah Sundawi
Pita emas nyaeta
tanda ikatan persahabatan, duduluran, sareng karukunan dina guyub balarea
Ngajaga ulah nepi
kaawut-awutan
Ngajadi hiji
iketan sareng gotong royong
Pusaka Kalidasa
nyaeta guratan nami
Nu pinuh ku makna
hirup kahirupan
Ngajadi pusaka nu
ampuh
Sareng pinuh ku
keberkahan ilmu lahir sinareng batin
Ngutamakeun
kapentingan umum
Tina kapentingan
pribadi
Ngabogaan jiwa
sosial
Silih tulungan
sareng amanah
Sarasa, sarasi,
ngahiji
Nyaeta sumpah
atawa jangji
Jang kasampurnaan
tina sadaya simbul
Milangkala Pusaka
Kalidasa nu ka tilu
Nyaeta hirup
kasinambungan
Hayu urang ngahiji
dina wadah
Jang neraskeun
warisan luluhur urang nu pinuh ku khidmat
Tetep mawa
kautuhan balarea
Hiji dina
sajatining ragawi sinareng jiwani
Hung...
Parukuyan di tanah
Sundawi
Salawasna ngabumi
Nyambuang mawa
wawangi
Ka saantero jagat
raya
Aya dina rengkuhna
sukma perbawa sakti
Jang salawasna
abadi
Pusaka Kalidasa
sautuhna
Aamiin Yaa
Robbalalamin
King Of Mandala,
29 Mei 2023