Penulis: Ai Ratnasari, M.Pd.

Ai Ratnasari, M.Pd.
Ku Ai Ratnasari, M.Pd.
(Guru SMK Negeri 1 Cikalongkulon)
Bray, cahaya anu nyaangan
Nalika raga enggeus ngahiji jeung taneuh
Taya pamuntang iwal iman anu ngancik
satungtung hirup
Kitu pituahna pikeun balerea
Wanci di alam dunya
Kumalandangna ngerahkeun patekadan
Anu luyu atawa mahiwal ti katangtuan
Bakal malik kadirina
Sagala anu tumiba ka tiap-tiap jalma
Tanggtu keur pieunteungeun
Sing waras mawa hikmah
Sangkan hirup teu sia-sia
Hirup bener tangtu bagja
Kitu pepeling nu nyampak di sabudeureun
alam dunya
Salah jeung bener moal pasalia
Sing hade ngaraksa diri
Cianjur, 28 Februari 2021