Penulis: Olis Aisah, S.Pd.

Olis Aisah, S.Pd.
Ku Olis Aisah, S.Pd.
(Guru SMKN 1 Cikalongkulon)
Panon poe geus meletek ti belah wetan,
tanda peuting geus ganti isuk. Komod keur ngaji mapatahan Jang Iduy anakna, jam
nu napel dina bilik katempo karek jam 06.00. Nyi Iroh keur nyangu di dapur.
Seuneu di hawu ngabeubeula, kadenge seeng saheng, Nyi Iroh enya oge hirup di
zaman kiwari, manehna mah masih resep ngagunakeun barang heubeul warisan ti
indungna, teuing teu boga duit sugan keur meuli da Komod salakina teu boga gawe
tetep. Komod mah ngan ukur gawe sarabutan, aya nu nitah ngaduk nya ngaduk. Mun
mansa usum panen di sawah menehna sok kuli dibuat. Mun teu aya pagawean, nya
kitu nguseup jadi pagawean matuh.
Beres mapatahan ngaji, Komod singkil make
baju nu sok biasa dipake digawe, calana panjang butut, kaos panjang teu poho
jeung dudukuy samak anu kuleuheu. Poe Kamari waktu amprok jeung Oding tatangana
ngajak gawe di H. Komar nyieun madrasah pikeu barudak diajar ngaji.
"Asak sangu teh Nyi?" Komod
nanya ka Nyi Iroh nu keur jongjon di dapur.
"Atos, tah tos ditimbelkeun."
Nyi Iroh ngasongkeun timbeul ka salakina.
"Akang rek mangkat ayena, bisi
kabeurangan era ku batur," pokna.
"Enya Kang, Nyi Iroh nyium leungeun
salakina nu rek kuli ngaduk di H. Komar.”
Jang Iduy nu keur
aya di jero imah, lumpat ka dapur nyampeurkeun bapana nu rek indit, leungeun
bapana diceukeul terus dicium. Komod seuri atoh ningali polah anakna.
Sanggeus pamit ka
Jang Iduy, Komod indit lempang ka kulon. Di jalan Komod nyimpang ka warung teh
Imas rek nganjuk udud kretek. Sanggeus udud ditarima terus dibuka, dicokot
sabatang sesana dasupkeun kana saku, ceukes paneker diceukesken,udud diseuneut
terus dikenyot seureubung haseup kaluar tina irungna. Komod lempang nikreuh
maklum jalan rada nanjak. Jegoh-jegoh Komod batuk...udud dicapit dina dua
ramona, beres batuk peleunyun deui udud.
Anjog ka buruan H. Komar nu rek garawe
geus ngumpul bari nginum cai kopi jeung goreng peuyeum. Komod ngabaur Jeung
batur-baturna. Enong anu dieusi sangu cag ditunda, kedeuweuk kana goreng
peuyeum, regot kana cai kopi hideung. Panonna peureum benta kawas nikmat pisan.
Teu kungsi lila jol Hamdi jeung Kasim dina motor. Nu rek gawe geus kumpul
Kabeh. Oding mere parentah ka sakabeh nu rek digawe naon garapan tiap urang.
Komod kabagean ngagali taneuh keur pondasi.
Panon poe karasa panas pisan, biasana mun
kieu teh maju ka halodo atawa rek turun hujan, can oge sajam digawe baju Komod
geus baseh ku kesang. Kasim katingali gegebeur ku dudukuy. Ngadeuketan wanci
lohor reup angkeub nu tadi panas ganti ku poek pihujaneun. Teu kungsi lila
bener we hujan ngagebret , nu di garawe lalumpat ka hareupeun mushola ngadon
ngiuhan. Bari ngadagoan hujan raat Komod jeng nu lainna ngadon dahar timbel anu
dibawa sewang-sewangan ti imahna. Ngariung balakecrakan, keur kitu jol Hj.
Salamah istrina H.Komar nyandak ketel cai enteh panas sareng goreng kere nila.
Atuh nu keur dahar kacida atohna. Cur cai enteh dikucurkeun kana cangkir,
reugot cai nu keur mmejehna direugot puguh we nikmat pisan.
Runtah urut bugkus timbel dipiceun kana
carangka anu ngahaja disayagikeun keur tempat runtah. Terus nu garawe
ngaluarkeun ududeun, ngadon arudud bari ngadagoan waktu solat. Hujan beuki
ngaleutikan katingali ngeprul jiga girimis, panon poe teu katingali balik deui,
sanggeus beres solat gawe diteruskeun deui. Komod sabaraha kali batuk, bajuna
nu tadi diganti waktu solat lohor geus baseuh ku cai hujan.
“Mod ari keur batuk, ereun hela udud,” cek
Kasim nu tingali Komod rek nyeneut deui udud.
“Kumaha atuh Sim, da tiris,” cek Komod.
“Nya tahan we, da engke ge moal,” cek
Kasim.
Komod nurut, udud nu rek diseuneut
diasupkeun deui kana bungkusna. Sanajan bari tiris ge digawe poe harita beres
nepi ka jam satengah opat. Komod milu balik ka kasim naek motor nepi
kapengkolan imah Kasim. Ti pengkolan Komod lempang muru ka imahna, kurang lewih
sapuluh menit nepi ka imahna. Nyi Iroh jeung Jang Iduy keur
aya di tepas. Ningali bapana datang Iduy lumpat ngabageakeun. Nyi Iroh buburu
nyokot anduk da ningali baju salakina baseuh.
“Aya cai panas teu Nyi, Akang rek mandi
moal kuat ku cai tiis mah.” Komod nyarita bari ngadegdeg.
Nyi Iroh teu nyarita tapi indit ka dapur,
waktu balik deui ngajingjing ember plastik hideng anu dieusi cai ngebul. Komod
mawa cai ka pancuran rek mandi. Tos solat asyar Komod nyamperkeun anak jeung
pamajikanna ngadon ngariung di tepas. Jegoh-jegoh Komod batuk sababara kali.
“Akang udud waenya?” Nyi Iroh nanya
salakina.
Komod teu ngajawab da rumasa, manehna
api-api teu ngadenge. jegoh deui, jegoh deui batuk tambah kereup. Nyi Iroh
nyokot cai haneut keur salakina, kayu putih nu biasa dipake ngabalur Iduy mun
tos mandi digosokeun kana tonggong jeun dada Komod.
“Kang tong udud wae coba, ngarah teu
batuk, kuring sieun mun Akang gering jiga baheula batuk teu cageur-cageur.” Nyi
Iroh mimiti ngeudalkeun kasieuna. Nyi Iroh geus sababaraha kali ngabejaan
salakina sangkan ulah udud wae tapi salakina noyod.
“Nya engke mun bisa,” cek Komod asal.
“Da kudu niat atuh Kang, bari ulah diengke-engke.”
Nyi Iroh rada camberut.
“Akang apal teu aya jalma nu nyarita
kieu….”
“Nyarita kumaha, maksud Nyai?” Komod
panasaran.
“Nu beuki udud mah tara bongkok.”
Komod hudang, ”Bener eta teh Nyi?” nyarita
kitu bari geus ngaragamang deui kana udud anu aya dina galar terus diseuneut.”
Ningali kitu Nyi Iroh ngarawel udud anu aya dina ramo salakina, udud anu geus
hurung dikusekeun kana asbak nepi ka potong, Komod kur bisa bengong ningali
polah nyi Iroh.
“Ari Nyai nanaonan?” nyarita kituna teh
Komod bari rada molotot.
“Ari Akang teu ngarti atawa pura-pura teu
ngarti? Hartina jalma anu beuki udud bari eweh aturana jiga Akang umurna moal
nepi ka bongkok da memeh kolot geus maot.”
“Astagfirulloh, Nyai hayang jadi randa
lain jiga Si Teti? ngarah bisa jadi TKW ka Saudi.” Komod katingali ameuk.
Nyi Iroh seserian
ningali salakina ameuk teh, “Ari Akang kunaon, puguh kuring mah nyaah matak
ngabejaan ka Akang oge, ngingetan pan Akang mah mindeng batuk terus ceuk dokter
teu menang udud, boro-boro Akang maot, Akang geuring oge kahayang mah ulah.
Kuring mah teu boga sasaha, kur boga Akang jeung si Ujang, teu karasa kitu ku
Akang, mun kuring nyaah ka Akang?”cek Nyi Iroh panjang lebar.
Komod ngahuleng , aya benerna oge cek
hatena ucapan pamajikanna. Ti mimiti kawin nepi ka ayena rumah tangga 10 taun,
Nyi Iroh tara nyieun peta nu nguciwakeun, dinafkahan sabara wae teu weleh
narima, terus basa manehna geuring, pan pamajikanna nu neangan duit keur
kabutuhan sapopoe jeung keur meuli ubar teh, kucara narima nyeuseuh jeung
ngaleot baju nu tatangga.
Komod nyokot udud anu kari satengah
bungkus, sok udud diasongkeun ka Nyi Iroh. Ayena Nyi Iroh nu ngahuleung. “Tendeun
ku Nyai, Akang mah jatahan we sabatang sapoe da eren mah can bisa.”
Nyi Iroh seuri bari nepukan pundak
salakina.