Penulis: Eulis Saputra

Eulis Saputra
Ku Eulis Saputra
Nutur-nutur waktu
teu suda dina kaheman
Geuning tos anjog
deui ka mumunggang
Tuh, sora
adzan ti Gusti halimpu ngagalindeng
Ngahiap jutaan
umat dina tawaf
Numpi surti
ngurilingan Ka'bahna hate
Da geuning, kiwari
teu werat ngalengkah
Ningkreb diri
sanes henteu malire
Ukur dunga nu
digerenteskeun
Apanan ieu sora
tos peura
Nitah eureun
Ngecagkeun
rupaning kanikmatan dunya
pikeun tanggah
husu mancokeun
raray ka jabaning
langit
Neuteup kelewungna
nu mayungan buana
Poek-caang nu
kabagi dina puteran mangsa.
Ehm, naha geuning
sok ku pirajeunan
Bet make kudu
itung-itungan
Lebar sumujud
numpikeun diri dina taat
Beurat alahbatan
manggul rancatan
Nu pinuh ku barang
panday
Apanan Gusti nu
sakitu hemanna
Geus ngabagi
rupa-rupa kasugemaan dina rasa jeung raga
Naha henteu
kapirosea?
Naha henteu
didama-dama?
Geura singlidkeun
simbut nu ngarungkupan qalbu
Geura serelekkeun
gordeng nu moekan hate
Sajadah tos
digelarkeun nganti sumujudna diri
Masrahkeun raga
katut nyawa
Ngibadahan tekad
tina sasalad
Ngabaur pasrah
na pangkonan Zat Nu Maha Murah
(Cmh, 20 Juli 2021)