Nyi Iroh Hayang Jadi TKW

Penulis: Olis Aisah, S.Pd.

Dibaca: 98 kali

Olis Aisah, S.Pd.

Ku Olis Aisah, S.Pd.

(Guru SMKN 1 Cikalongkulon)

 

Komod karek balik gawe ti H. Komar, nyieun madrasah beres nepi ka poe iyeu, hartina isukan manehna teu boga deui pagawean. Duit buruh digawe dikekempit dina pesak sieun murag, memeh balik ka imah nyimpang ka Mang Uned rek mayar lauk emas. Kasampak Mang Uned keur marab lauk, lauk rajol muru bakatul nu dialungkeun.

“Aduh… resep Mang eta lauk meuni rajol kitu muru parab,” cek Komod.

“Puguh enya Mod, resep jeung teu matak bosen ningali lauk teh.” Mang Uned nembalan bari jongjon ngawurken parab.

“Mang mayar lauk nu kamari,” cek Komod bari ngasongkeun duit 30 rebu.

“Eh, nuhun Mod, nyanggakeun laukna nampinya iyeu 30 rebu, lunasnya Mod,” cek Mang Uned.

“Sami-sami Mang, kuring langsung mulangnya,” cek Komod.

Komod balik lempang ngagidig motong ka sawah ngarah teu pati jauh. Anjog ka lebah sawah H. Solehudin, Komod papanggih jeung Ceu Eha pamajikan Kang Sarkum.

“Eh, naha Kang Komod tos ti mana? Kuring karek balik ti Nyi Iroh,” pokna.

“Kuring tos ti Mang Uned Ceu, ari Ceu Eha aya naon ka pamajikan kuring?”cek Komod panasaran.

“Aya beja Nyi Iroh hayang ka Saudi, mun erek pan bisa bareng jeu Ceuceu. Ngarah aya batur, kade nya Mod ulah teu diizinan. Tenang jeung Ceuceu mah pasti beres.”

Gebeg hati Komod ngagebeg, boa-boa enya pamajikana hayang ka Saudi jadi TKW. Gancang komod balik ningalkeun Ceu Eha anu rek nyarita deui.

“Hor itu Kang Komod nya kunaon jalma teh, diajak ngawangkong halangkah indit.” Ceu Eha bari kurawed baeud.

Komod lempang gagancangan teu sirikna satengah lumpat hayang gera nanya pamajikanna, bener henteuna ucapan Ceu Eha. Kasampak Nyi Iroh keur ngariung di tepas jeung ma Rumsih, ceu Ani katut Bi Onah. Komod ngurungkeun niatna, teu mungkin nanyakeun ucapan Ceu Eha dihareupen batur.

“Lila keneh Mod, gawe di H.Komar teh?” cek ma Rumsih.

“Ah…nyaeta atuh Ma tos beres.” Komod ngajawab bangun hanjakal.

“Oh…atuh nganggur deui meren.” ma Rumsih bangun manhanjakalkeun.

“Nya kitu we,” ucap Komod pondok.

Nyi Iroh ngasongkeun anduk jeung ember leutik eusi sabun ka Komod. Sanggeus nampanan anduk jeung ember leos Komod ka pipir muru pancuran rek mandi. Geus beres mandi Komod asup ka imah jalan panto dapur. Ka sampak di dapur geus ngajagrag sangu, dadar endog, tumis kangkung jeung asin peda dina meja makan nu aya di juru dapur. Puguh we nu keur lapar nyampak sangu, habeuk komod dahar meni ngalimed maklum jeung ka resep nyaeta goreng peda beurem, poho we ka kehel ka Nyi Iroh mah.

Wanci geus ngadeukeutan ka magrib nu ngawarangkong di tepas bubar baralik ka imahna sewang-sewangan. Nyi Iroh asup ka imah bari mawa lumur jeung teko urut nyuguhan tatanggana. Di dapur geus taya sasaha. “Kang, kamana ari Kang Komod lain bieu teh keur dahar.”Nyi Iroh heranen. Celengkeng nu adan ti mushola eces eta sora salakina. Nyi Iroh jadi seuri letik.

Komod balik ti mushola bareng jeung Jang Iduy anakna. Goledag Komod dina samak nu ngampar di imah sedeng Jang Iduy nyamperkeun indungna nu aya di kamar. Jang Iduy ges ngaguher sare dina dipan waktu Nyi Iroh beres solat. Kojengkang Nyi Iroh nyamperkeun salakina anu titatadi teu pati nyarita. Goledag Nyi Iroh ngagoler gigiren salakina. Sawatara waktu teu aya nu nyarita, duanana jongjon dina pikiran sewang-sewangan. Teu kungsi lila Komod pok ngamimitian nyarita,

”Tadi Akang amprok jeung Ceu Eha pamajikan Sarkum, cenah tos ti Nyai da Nyai hanyang jadi TKW ka Saudi.” Cek Komod bari neutep pamajikanna. Nyi Iroh ngagebeg, baruk wangkongan manehna jeung Ceu Eha ges nepi ka salakina. Samemeh ngajawab katingali Nyi Iroh narik napas jero.

“Kieu Kang, mun Akang satuju eta oge, Iroh rek nyaba siga batur ka Saudi mumpung Ceu Eha rek nyaba deui jadi aya batur,” pokna bari tungkul rumasa salah da can bebeja ti awalna.

“Nyai ges apal Akang jiga kumaha, Akang mah tara lunca-linci mun ges sakali teu nyaluyuan salilana kitu.” Komod nyarita kalawan bedas. Nyi Iroh teu nembalan manehna ngabetem, bingung pi omongeun. Ningali pamajikannya cicing wae pok deui Komod nyarita, ”Akang ngarti Nyai rek lunta teh rek mantuan Akang neangan nafkah, tapi keur Akang berat mun Nyai indit, terus Si Ujang rek kumaha teu mungkin pan ku akang dibabawa kuli. Mun rek nurut keneh ka Akang nu batan sakieu ayana, cicing we da masih bisa dahar, sabar… sugan we kaharepna hirup urang bisa leuwih alus, terus rek saha nu ngurus si Ujang pan Si Ujang teh menang hese, ampir 5 taun urang ihtiar sangkan boga turunan ari ges aya ku Nyai rek ditingalkeun.” Komod mungkas omonganna.


Nyi Iroh ngahuleng, naon anu diucapken salakina aya benerna oge, jang Iduy anakna sakitu napel pisan kamanehna rek kumaha mun ditinggalkeun. “Kumaha atuh Kang, nyarita ka Ceu Eha mun kadieu deui,” pokna.

“Nyarita we sabalakana, ku Akang teu disaluyuan kituh,” cek Komod.

“Yu ah urang sare, bisi kabeurangan, subuh Akang disamper Kasman rek ngadon ngecrik ka Jangari, pangnimbelkeun duanen jeung Kasman,” cek Komod.

Memeh asup ka kamar duit buruh gawe ti H.Komar dibiken kabeh ka Nyi Iroh,” Akang bekelan 50 rebu nya, jang ka Jangari.” Cek Komod.

Samemeh subuh Nyi Iroh ges kuprak-keprek di dapur nyiapkeun bekel keur salakina sedeng Komod ges indit ka mushola An-Nur. waktu adan subuh timbel ges sadia. Balik ti mushola Komod dituturkeun ku Kasman, “Nyi pang ninyuhkeun kopi, Kasman rek ngopi hela cenah.” Komod ngagoran Nyi Iroh.

Beres ngopi komod jeung Kasman indit, sanggeus pamit ka Nyi Iroh, “Doakeun Nyi sangkan hasil.” cek Komod.

“Pasti atuh Kang, didoakeun pisan sing ngagembol.” Cek Nyi Iroh.

Ges indit salakina Nyi Iroh nuluykeun wiridan nu tadi can beres terus mapatahan Jang Iduy ngaji. Poe harita Nyi Iroh teu ka mana-mana beberes we di imah terus nyeseuhan baju paranti digawe Komod.

Kira wanci jam lima sore Komod jeung Kasman ges nepi kaburuan imah Komod, Kasman jeung Komod nurunkeun karung terus digotong kana golodog.

“Naon eta teh Kang?” Nyi Iroh panasaran kana euisi karung.

“Lauk iyeu teh Nyi,” cek Komod.

Lain nyokot cai jang salaki jeung Kasman, Nyi Iroh malah bengong ningali lauk anu diburulukeun tina karung kana ayakan, lauk nila jeung lauk emas sedeng sakilo tilu atawa opat, aya meren 25 kilo mah cek taksirana.

“Mana cai Nyi? Akang hanaang yeh,” cek Komod.

Nyi iroh seuri bari gagancangan asup ka dapur, lumur jeung teko di bawa ka harepen salakina jeung Kasman.

“Nyi tawarkeun lauk ka batur bisi rek mareli, 20 rebu ges diberesihan kituh.”

Nyi Iroh singkil rek ngabejaan tatanggana bisik rek meuli lauk, samemeh indit manehnya nyarita, ”Kang pangmisahkeun 8 kg nu sakilo 2 keur Bu Sarah.”

Tatangga nu rek meuli lauk datang ka buruan imah Komod, aya nu meuli sakilo, nu dua kilo, puguh we da murah bari lauk ges beresih.

Nyi iroh gancang indit ka bumina bu Sarah, sieun ka poekan balik. Nyampak di bumina bu Sarah rame da putrana anu di kota sok daratang lamun poe Saptu atawa Ahad. Nyi Iroh pupuntenan ka panto dapur da di payun nuju rame. Bu Sarah atohen pisan Nyi Iroh datang bari mawa lauk teh da putra nuju kumpul resepen pisan kana lauk. Nyi iroh ditahan kudu ngabantuan masak hela. Nyi Iroh pak pik pek masak di bumina Bu Sarah da ceu Mumun rencangna bu Sarah tos saminggu teu lebet di putrana nu aya di Bandung.

“Nyi Iroh kumaha mun bantuan ibu, komo isukan mah anak ibu nu di Jakarta Ranty rek datang, eta mah sok hayang mayor jadi kudu ngaliwet, kudu aya lalab jeung sambelna,” cek bu Sarah.

“Mangga bu , pami kaanggo mah,”cek Nyi Iroh.

Nuju ngobrol kitu, telepon bu Sarah disada , bu Sarah buru-buru ngangkat telpon , sihoreng nu nelpon teh Ceu Mumun, ngabejaan yen manehna moal bisa digawe deui di bu Sarah da incuna teu aya nu ngasuh pami putrana angkat damel. “Nya keun wae Mun, ari kitu mah, ibu rek neangan batur atuh anu ngaganti Mumun.”

“Tuh Nyi Iroh bener, Mumun teh euren. Ti mimiti isukan mah, Nyi Iroh daek mah gawe di ibu,” cek bu Sarah.

“Mangga Bu, kin abdi wawartos hela ka Kang Komod,“ cek Nyi Iroh.

Hate Nyi Iroh atoh pisan di titah gawe ku bu Sarah teh da bu Sarah mah tos kakoncara bager pisan ka pagawe teh. Ges beres babantu Nyi Iroh balik dianterkeu ku Cep Irsad incuna bu Sarah kana motor. Duit ladang lauk 160 rebu dikepel dan poho teu mawa dompet, ari di sakuan sieun murag. Nepi ka imah Komod jeung Jang Iduy can balik jigana masih solat isya.

Waktu Komod balik ti mushola, Nyi Iroh keur sura-seuri sorangan, “Ari Nyai kunaon sura-seuri kitu,” cek Komod hayang nyaho.

“Kang, Iroh dititah gawe di bu Sarah, menang teu?” Nyi Iroh netep salakina.

“Ari Nyai daek mah, Akang mah teu nanaon da moal pisah jiga ka Saudi,” cek Komod bari seuri.

“Alhamdulilah atuh, ari Akang nyaluyuan mah, ti mimiti poe isuk Iroh digawe di bu Sarah,” cek Nyi Iroh katingali bungah pisan dan pasti boga rezeki matuh keur kabutuhan sapopoe.

Komod milu atoh ningali pamajikanna bungah teh.

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...