Penulis: Evi Lusiana, S.P.

Evi Lusiana, S.P.
Ku Evi Lusiana, S.P.
(Guru SMKN 1 Cugenang)
Tengah peuting jemplang jempling.
Kira-kira jam sabelas kareungeu hawar-hawar sora ambulans ngaguik ti belah
kulon. “Euleuh-euleuh pandemi deui meureun!”, ceuk kuring bari tuluy metot
simbut neuruskeun deui hanca sare. Isukna tatangga geus ear, cenah aya urang
kulon nu maot deui kaserang covid.
Tisaprak datang pandemi jelema
teh jadi riweuh. Aya nu percaya aya nu henteu. Malah Mang Udin tatangga kuring,
manehna mah teu percaya pisan kana nu ngaranna virus corona alias covid tea.
Cenah bohong, hoak, gedebul rahul, majar teh eta mah sakadar beja anu
digegedekeun.
Tapi teu saeutik oge jelema anu
percaya, malah ti saprak pamarentah nganjurkeun supaya make masker jelema narurut.
Ari Bi Uti, anu sapopoena sok sagawe-gawe di imah kuring, kalakuanna teh
pikaseurieun, nu ngaranna masker eta mah atuh tara lesot da cenah sieun
pandemi. Ka sawah di masker, ka kebon di masker, nyeuseuh di masker, ngumbah
wadah oge di masker. Malah ceuk Mang Jae salakina, di imah ge masker teh tara
di buka, kajaba lamun mandi meureun.
Selenting bawaning angin, kolepat
bawaning beja, cenah pandemi teh asalna ti daerah Wuhan nagara Cina, nu ahirna
sumebar ka sakuliah dunya. Teu nagara miskin teu nagara adi kuasa, pada-pada
tagiwur neangan pikeun ngubarannana.
Nya kitu
deui pupuhu pamarentah urang di nagara Indonesia, caringcing pageuh kancing
saringset pageuh iket, ti hothat beak dengkak nyieun tarekah pikeun nyingkahan
eta pandemi. Teu mikiran sabaraha waragadna, teuing miliaran, teuing triliunan,
nu penting mah masyarakat sehat, waluya, dijauhkeun tina eta panyakit. Salah
sahijina ku cara ngayakeun vaksin.
Tapi deuih ti saprak pamarentah
ngayakeun program vaksin, teu saeutik jalma nu embung di vaksin. Majar teh
gara-gara divaksin aya nu lumpuh tea, aya nu maot tea cenah. Atuh puguh we
masarakat teh jadi arembungeun divaksin. Malah tatangga kuring mah, Kang Danu,
anu kasohor jalma suaban, ngomongna jangji engab wae, abong biwir teu di wengku
abong letah teu tulangan. Hiji mangsa mah pok manehna nyarita, “Dasar jelema
teu ariman, sieun keneh ku pandemi ti batan ku gusti Alloh, nu maot di rumah
sakit der teu dimandian, teu disolatkeun, cara nguburkeunna oge teu sampurna,
dikuburkeun dimana karep, dasar jelema kalalupur!” Nyaritana kitu teh teu
euleum-euleum dihareupeun jalma rea.
Tapi ninggang ka jalma ngarti mah
nanggepan covid teh teu asal ucap. Contona ajengan di lembur kuring, Ajengan
Maman. Nyariosna merenah kana hate. Basa harita teh kabeneran aya acara
pangajian ngariung di mesjid, anjeunna cumarios, “Ibu-ibu Bapa-bapa anu ku
simkuring dipihormat, ayeuna urang teh nuju kasumpingan tamu anu teu di ulem,
nyaeta Neng Ona sareng Cep Opid, maksadna virus corona nu ngakibatkeun panyakit
covid!.” Saur Ajengan bari gumujeng. Jama’ah pangajian sareuri ngupingkeun
cariosan Ajengan. Pok anjeunna nyanggem deui, “Ieu sanes perkara enteng, ku
urang kedah leres-leres diperhatoskeun, kahijina urang kedah nganggo masker,
kaduana mun uih timamana tong hilap ngawasuh dampal panangan nganggo sabun,
atuh anu katiluna lamun urang keur aya di antara jalma loba omat urang kudu
jaga jarak!” Jama’ah unggut-unggutan bangun ngarti pisan kana cariosan Ajengan.
Enya hate
teh asa rus ras wararaas lamun inget kana anyaran aya pandemi. Sakola
diperekeun, sakola agama di tutup, solat berjamaah ge kudu jaga jarak. Nu matak
watir mah lamun ningali budak lalaki nu keur meujeuhna beuki ulin. Diperekeun
sakola teh lain cicing di imah, barudak kalahkah sing alabring ka jalan
lalumpatan ngudag ngudag kol gundul. Lamun mobil teu eureun maranehna ngaralaan
baju, tuluy bari bubuligiran bajuna di kebut kebut dipake megat mobil, nya
ahirna mobil teh eureun. Geus kitu breug weh naraek, silih sered silih terekel,
matak paur nu nempo barudak euyah euyahan suka bungah.
Kulutrak sora panto muka
meupeuskeun lamunan. Singhoreng Bi Uti nu asup teh. “Kunaon Bi asa kurang
berag, bangun karareuheul?” Ceuk kuring bari melong ka Bi Uti anu jamotrot, “Nyaeta
keuheul ka si bungsu Neng, Jang Nendi, dipasihan HP teh kalah ka ngadeluk wae
kana game, pusing ningalina oge.”
Ceuk Bi Uti bari meresan piring kumbaheun. “Naha atuh make dipangmeulikeun HP,
Bi?” Tanya kuring, ”Atuh da Neng ayeuna mah sakola oge diajarna nganggo HP.”
Tembalna. “Mung keuheulna teh sok teras kana maen game, malah sigana langkung lami maen game ti batan diajarna mah.” “Euh kitu nya, Bi?” Ceuk kuring bari
tuluy ngaleos ka kamar.
Enya bener ceuk Bi Uti. Jadi
melang ka barudak. Sanggeus aya wabah covid teh jadi nyarandu kana gadget. Sigana leuwih bahaya ti batan
ngudag-ngudag kol gundul. Budak teh jadi pangedulan, ceuk istilah jaman ayeuna
mah jadi generasi rebahan. Salian ti
eta ceuk para ahli mah radiasi nu ditimbulkeun ku gadget teh bisa ngakibatkeun rupa-rupa panyakit anu kacida
ngabahayakeunna kana awak, kana uteuk, jeung kana kasehatan jiwa.
Duh gusti nu Maha Suci, meureun
ieu pandemi teh cocobi. Ujian kanggo jalmi nu iman. Meureun tiasa wae disebut
pepeling pikeun jalma nu can eling, nu mawi pandemi betaheun di nagara
Indonesia. Meureun seueur jalmi nu teu sukur kalah ka kupur. Duh gusti Alloh nu
murbeng alam, abdi teu daya teu upaya, usik malik istuning ku gusti. Abdi
rumaos seueur dosa sareng kalepatan, hirup mung ukur ngalajur nafsu ngumbar
amarah, tunggul dilarung catang dirumpak, hirup teu napak
dina papagon agama. Duh gusti Alloh nu Maha lautan hampura hapunten dosa abdi
sadayana.