Penulis: Leni Yunia Daswati

Leni Yunia Daswati
Ku Leni Yunia Daswati
(Guru SMKN 1 Sumedang)
Wanci haneut moyan
di buruan imah papatong konéng tinggeleber eunteup dina dahan kembang keretas,
sakedapan Adi neuteup papatong konéng nu ngeleter mawa lamunan ka mangsa anu
katukang, mangsa puluhan taun nu geus kasorang kiwari kaguar deui, dina wanci
nu sarua dilembur nu ayeuna jadi panineungan dirina, baheula basa indung bapa
na masih araya kénéh mun wanci haneut moyan manéhna sok dlbawa nganteuran ku
indungna ka sawah nu teu pati jauh ti imahna, di sawah indungna sok ngajak Adi
turun ka kotakan ngala tutut nu naraplok di sisi galéng, Adi jeung indungna
anteng ngalaan tutut, teu kungsi nepika tengah poé beubeunanganna geus aya
saémbéreun, Adi jeung indungna tuluy hanjat ka luhur galeng, Adi mapay mapay
galeng sawah nu disisina rajeg tangkal kalapa pendék nu lebeut ku buahna.
Beuteung karasa
murilit ménta eusi, teu talangké indungna brak murak timbel bebekelan ti imah,
tikajauhan bapana rentang rentang manggul pacul hanjat nuju ka lebah saung,
dudukuy cetok jeung baju pangsi hideung nu dipaké ku bapana masih napel tina
ingetan Adi, Pa Mardi bapana Adi ngumbah leungeun dina pancuran nu teu jauh ti
saung, bangun daria naker rut rét ka Adi jeung ka pamajikan na, gék diuk dina
bangbarung saung ngabaheuhay nyarandé kana tihang bari leungeunna ngageberan awakna
nu karasa bayeungyang ku dudukuy nu tas dipakéna.
Song Ma Anih
ngasongkeun timbel jeung deungeunna goréngan suuk, pais beunteur dibungkus
kudaun cau, gesruk nyambel goang dina coét bekelna, lalab coél sambel saaya
aya, seupan daun sampeu, daun gedang jeung daun katuk ditambah ku lalab atah
daun kacang anu ngora meunang ngunder sisi galeng, puguh wé Adi jeung indung
bapana dalahar ngalimed bangun nu ponyo pisan.
Bérés dahar Adi
cengkat nuju palataran saung manéhna geus biasa néwakan papatong konéng nu
rabeng areunteup dina tangkal katusba nu ngajajar sisi saung, papatong konéng
tuluy diwadahan dina botol leutik bawaeun ka imah. Oléh oléh keur Ida babaturan
ulin awéwéna.
Ida sok atoheun
pisan mun dibéré papatong ku manéhna, papatong konéng ku Ida dikumpulkeun
dipangrapetan tuluy ditapelkeun dina
hordéng jandéla kamarna jadi hiasan kamer sareng janten réncang mun badé bobo
sok teras dipelongkeun ku Ida téh cenah.
Ida téh budak
awéwé hiji hijina putrana Pa haji Sukandi guru ngaos di lembur Bunisari. Ida
nyobat pisan jeung Adi salian ti batur sakola ogé kabeneran imahna padeukeut
pisan, sok sanajan loba batur lalaki tapi jang Adi mah ulinna sok sareng nyi
Ida waé, atuh pon kitu deui nyi Ida sapopoéna arang pisan ulin abring abringan
jeung batur awéwéna.
Ibu Rosmala saréng
Pa Haji Sukandi ogé indung bapana Adi
teu pati ieuh nyarék barudakna arulin babarengan da dianggapna barolon kénéh
keun waé cenah da budak leutik asal aranteng waé, Ida jeung Adi maranéhna karék
nincak kelas 4 SD.
Ti taun ka taun
teu karasa duanana beuki gedé, geus naék ka kelas 6 SD sakeudeung deui bakal
arasup ka SMP, ngan nya kitu gening lalakon hirup jelema usik, malik diatur
kunu kawasa, hirup katungkul ku pati, maot teu nyaho di mangsa, basa rék tamat
SD Adi dikersakeun kunu kawasa ditinggalkeun maot ku indung bapana, mimiti
indungna gering panyakit gula, teu lila bapana nyusul maot alatan stroke Pa
Mardi geubis ti kamar mandi nepi ka hanteuna, atuh pikeun Adi mah éstuning
mangrupakeun ujian anu beurat pisan, ngan untung aya uwana, lanceuk bapana nu
linggih di Bandung daék haat ngurus, ngarawat Adi nu pahatu lalis, tepi ka di modalan
sakola SMP, SMA nepi ka ayeuna Adi bisa digawé bisa nyumponan pangabutuh
sorangan, kanyaah uwana karasa pisan éstu clik putih clak hérang henteu ukur
pupulasan, kabeneran uwana téh boga budak dua awéwé wungkul, basa mawa Adi
kacida bungaheunna da hoyong pisan boga budak lalaki, Ayeuna sanggeus Adi
sawawa manjing kana umur pikeun rumah tangga kanyaah uwana angger teu
ngurangan, sok sanajan Adi geus mandiri
henteu gumantung ka uwana deui tapi uwana tetep merhatikeun Adi utama na mah
masalah jodona, uwana kacida hariwangeunnana, komo deui umur Adi ayeuna geus
teu bisa di sebut ngora deui geus nincak umur 40 tahun leuwih, lanceuk na mah
nu duaan awéwé geus pada pada rumahtangga, imahna geus marisah.
Sanajan tacan
rumah tangga tapi Adi geus boga imah sorangan, mobil Ayla kaluaran anyar geus
bisa kabeuli ku manéhna, imahna di perumahan nu teu pati jauh jeung uwana di
daerah Sarijadi, ku uwana Adi dicaram ulah misah imah tapi da keukeuh cenah Adi hayang misah ngarah bisa mandiri
teu ngabebannan ka uwana, atuh Uwa Istri sareng Uwa Pameget anu pangsiunan
tentara ayeuna mah dibumina kantun duaan.
Ngan hanjakal, sakitu
geus sagala nyampak Adi keukeuh can daék dititah rumahtangga, uwana geus ngasongkeun sababaraha calon keur
Adi, tapi Adi tetep nolak basana téh teu acan aya niat rumahtangga cenah,
hoyong nyugemakeun heula uwa, tiasa bébas ngintunan artos, étang étang mulang
tarima ka Uwa anu parantos ngabiayaan Adi ti awit Adi lebet SMP dugika tiasa
mandiri sapertos ayeuna. ***
Gebeg lamunan
mimiti buyar ras inget ka Ida, enya Ida batur ulin keur leutikna dimana manéhna
ayeuna? Gap leungeuna kanu HP tuluy néang Aplikasi Facebook ramo na ngusapan
layar HP curukna lincah nulis ngaran Ida Rosdiani, klik curuk neken lambang
pamaluruhan, bray dina layar HP kaluar sababaraha
ngaran nu sarua , Adi ngahuleng rék milih ngaran nu photona cocok jeung rupa
Ida bari memori uteukna nganjang ka puluhan taun katukang, ngira ngira rupa Ida
siga kumaha ayeuna?
Curukna nunjuk
kanu ngaran nu aya photoan awéwé geulis maké cindung kayas, moal salah ieu Ida
téh gerentes dina haténa. Klik curuk diantelkeun kana layar HP, bray photo
profile Ida dihandapna ngabérébét photo photo selfie manéhna, Adi rada reuwas
palebah maca tulisan status Ida cenah photo kenangan dihandapna photo Ida jeung
hiji lalaki, panasaran klik koméntar na dibuka, eusina pada ngupahan majar téh
sing sabar jeung tabah narima cocoba, mun dilenyepan tina koméntar sobat sobat
jeung kenalan facebookna nyimpulkeun yén
Ida kakara sababaraha bulan ditinggalkeun maot ku salakina.
Peuting na Adi
gulinggasahan teu kawawa ku rasa panasaran hayang nyaho kaayaan Ida ayeuna nu
sabenerna, terakhir Adi menang béja yén Ida geus rumahtangga kawin ka urang
Ciamis, ti harita kadieu Adi teu apal kahirupan Ida satuluyna.
Gap deui Adi nyokot
HP tuluy muka aplikasi Facebook klik muka deui dingding status Ida , Adi nyoba
ngirim pesen kanu messenger Ida nu eusina, Assalamu'alaikum wr wb.punten
tumaros dupi ieu leres Ida nu kawitna ti Bunisari Majalengka ? Pung pesen
diapungkeun, heuleut sababaraha waktu taya jawaban. Sok hp ditunda luhur méja,
leungeun Adi nyokot remote TV, mindahkeun chanel ka berita panganyarna, teu
lila tring hp disada, rikat di cokot bray deui muka messenger kabaca aya
jawaban ti Ida muhun leres dupi ieu sareng saha ?
Dijawab deui ku
Adi Ieu abdi Adi, masih émut henteu ? Jawab Ida kantenan émut pisan, kumaha
damang Kang Adi, tayohna Ida geus mukaan photo profil manéhna, Adi ménta no WA
Ida, satuluyna maranéhna uplek ngobrol dina WA nyaritakeun kaayaan séwang séwangan,
dapuguh sobat ti leuleutik jadi teu hésé deui obrolan maranéhna langsung loma
pisan, malah tuluy jangjian papanggih kabeneran Ida sok mindeng ulin ka
Bandung, ka ibina nu aya di Cihampelas, da ibu ramana Pa Haji Sukandi sareng
Ibu Rosmala mah tos lami ngantunkeun, tinu rumahtangga jeung salakina nu ti
heula Ida teu acan batian, ari ayeuna Ida cicing di Banjar di imah menang
mangmeulikeun salakina, sapopoé Ida
ngajar ngaos di TPA ngan tisaprak aya sasalad Covid barudak nu ngaos gé
diliburkeun, Ida sok mindeng ulin ka Bandung babantu ka bibina nu gaduh toko
ageung grosir sembako, lumayan sagawé gawé keur panyambung hirup.
Hubungan Adi jeung
Ida beuki layeut, malah Adi gé tos ngenalkeun Ida ka uwa, diwartoskeun yén Ida
téh sobat dalit manéhna ti keur leutik tatangga ti Bunisari, Uwa Istri kacida
pisan bungaheunana, hayang geura némpo Adi rumahtangga cenah uwa téh geus kolot
geus hayang mangku incu budak Adi.
Cunduk waktu
ninggang mangsa Adi Rusdiana resmi jatuk rami jeung Ida Rosdiani, sanajan
nudatang teu pati loba kulantaran keur usum sasalad téa tapi henteu mangaruhan
kana khidmat na acara walimahan nu jadi wali awéwéna lanceuk Pa Haji Sukandi uwana
Ida, anjeuna diangkir ti Majalengka dijemput ku Adi pi tilu poéeun rék
dirapalan, dipiwarang mondok di Cihampelas.
Pangantén Istri
didangdanan meni rancunit pisan pon kitu deui pangantén lalaki nugandang lir raja
jeung ratu sapoé éstu pasangan anu payus pisan néng Ida jeung cép Adi téh, nu
ngahadiran meni marolohok kataji ku kageulisan néng Ida, sajabana ti geulis
rupa téh néng Ida mah kasipuh ku lungguh
timpuh andalemi, hadé basa, tata, titina, kukuh pengkuh ngagem atikan agama.
Kitu deui cép Adi jajaka gandang nu gedé wawanén , tanggungjawab jeung wibawa,
tara pisan nyieun codéka , leket agamana kapercaya jadi ketua DKM dilingkungan perumahanna.
Saba'da resmi
ngahiji Ida diboyong ku Adi ka imahna di Komplék Perumahan Sarijadi, teu karasa
geus sabulan leuwih basa Ida ngajak Adi ka dokter harita kudokter disebutkeun
yén Ida kakandungan , teu ka catur bagja na Adi komo deui Uwa Istri mah nepika
tuluy syukuran ngabagikeun sangu konéng katatangga na, ti bulan kabulan
kandungan Ida beuki gedé , beurang peuting manéhna tara kaliwat maca surat
Maryam komo sanggeus di USG apal orok téh ceuk dokter piawéwéeun , ngaji jeung
dzikir kitu waé pagawéan Ida sapopoéna téh, atuh nya kitu deui Adi beuki getol
indit ka masjid unggal sholat tara tinggaleun berjamaah di masjid boh waktu di kantor
atawa diimah.
Qodarulloh nincak
salapan bulan kandungan Ida, awak Ida karasa panas meni nyebrét, dada sesek,
nafasna rénghap ranjug bangun eungap pisan, Adi gancang mawa Ida ka rumah sakit
henteu hilap nelpon Uwana ngawartosan
kondisi Ida nu saperti kitu, nepika rumah sakit dokter rikat mawa Ida karuang
bersalin sanggeus dipariksa ku dokter ahli kandungan hasilna cenah orok kudu
buru buru dikaluarkeun kujalan dioperasi sabab kahiji lantaran geus manjing
salapan bulan kaduana indungna nyaéta Ida positif keuna Corona, atuh gebeg téh
Adi reuwas pisan ngadéngé béja kitu ti dokter téh. Manéhna tuluy indit ka
masjid seja ngadegkeun sholat Tobat dua roka'at, bari sujud sumerah diri kanu
kawasa muntang tulung kanu Agung sangkan dibéré jalan nu hadé ti Pangéran keur
anak jeung pamajikanana.
Réngsé sholat jol
aya perawat datang ngasongkeun kertas tandaeun nu eusina persetujuan tindakan
operasi caesar, teu talangké gutrut wé Adi nandatangan surat, song dibikeun ka
perawat, perawat manggut bari pok nyarita cenah pihak médis bakal berusaha
semaksimal mungkin pikeun nyalametkeun orok jeung Indungna, ku Adi dihaminan
bari panon carinakdak.
Sup perawat asup
karohangan Operasi sedengkeun Adi , uwana jeung bibina Ida mah narungguan di
luar bari babacaan sabisa bisa
ngadu'akeun Ida jeung orokna sangkan salamet.
Selang satengah
jam dokter nu saged maké APD lengkep kaluar bari paroman semu nguyung, pokna
nyarita kami sudah berusaha tapi Alloh berkehendak lain, bayi selamat tapi
ibunya meninggal.
Leung tetempoan
poék mongkléng les Adi kapiuhan teuinget dibumi alam.
Sadar-sadar harita
geus aya di imah uwana. Adi istighfar tuluy nanyakeun dimana layon Ida jeung
orokna ?
Uwana ngajawab layon
Ida geus dipulasara ku pihak rumah sakit tuluy di kurebkeun dikomplék pemakaman
umum maké protokol kesehatan Covid nu ketat teu meunang dihadiran ku sasaha
kajaba ti petugas ti rumah sakit kitu cenah jawaban uwana, ari orok masih aya
di rumah sakit di ruang perawatan bayi, Alhamdullilah séhat cenah.
Adi teu bisa
nyarita nanaon haté na peurih lir digerihan hinis, teu karasa cipanon ngeclak
maseuhan pipina ras ka diri nu kakara manggih bagja kiwari kudu nandangan
tunggara, Ida nu dipikacinta kiwari geus miang ka alam kalanggengan miheulaan
manéhna ninggalkeun buah katresna duaan, orok awéwé kacida geulisna ku Adi di
ngaranan Malati Kembang Katresna.***
Ter...papatong konéng
ngeleter eunteup dina dahan kembang keretas, dina wanci nu sarua wanci haneut
moyan lamunan Adi mimiti buyar kasadarkeun ku sora budak nu nyalukan
Ayah...Ayah...hayu anteur Mala hoyong ameng ka teun enin...cenah budak awéwé
umur tilu tahun nu teu apal dirupa indung kiwari jadi panghibur kalaraan
dirina.
Ayah nuju
ngalamunnya ? Gebeg Adi ngagebeg, gabrug budak ditangkeup, dipangku digaléntoran
bari cipanon merebey maseuhan pipina.
Pileuleuyan
jungjunan kiwari ngan papatong konéng nu salawasna satia marengan lalakon hirup
akang, gerentes Adi pinuh nalangsa.***
Tamat