PEGAT DURIAT

Penulis: Leni Yunia Daswati

Dibaca: 102 kali

Leni Yunia Daswati

Ku Leni Yunia Daswati

(Guru SMKN 1 SUMEDANG)

                                                             

Sapopoé paroman Néng Yeni alum nguyung bangun jararauh panineungan, dahar, nginum teu mirasa pon kituna deui saré gé henteu tibra. Wanci geus ngagayuh ka janari leutik pitunduheun tacan datang, biasana mah ti tabuh 9 kénéh gé Néng Yeni geus tatahar di tempat saréna, tapi peuting éta mah manéhna masih anteng diuk dina korsi nyanghareupan gundukan kertas nu seungit ngadalingding, horéng kertas surat ti beubeureuhna nu mangtaun taun ngarénda asih jeung dirina, kaciri tina gundukan kertas anu sakitu ngahunyudna, ku manéhna dipelong bari teu eureun cipanon murubut maseuhan pipina.

Gerentes dina haténa naha Bang Ardi bet téga megatkeun duriat ...? Kembang katresna nu salila ieu mekar minuhan pakarangan haté kiwari ligar maruragan hamo bisa kapulung deui, pucuk-pucuk katresna mimiti layu teu walakaya nandangan tunggara, naon atuh salah diri?

Pédah henteu nyaluyuan pamaksudanna anu hayang buru-buru ngaresmikeun hubungan? Tapi pan éta mah puguh alesanna kulantaran kuring masih sakola, sok sanajan pangawakan awéwé tapi da kuring mah boga tékad hayang bisa mandiri, hirup ulah nepika gumantung kanu jadi salaki, kuring hayang bisa digawé boga pangala ngarah bisa mantuan salaki, da kitu papatah nu jadi indung cenah hidep mah ulah siga Ema nu teu boga pangala hirup ukur ngandelkeun paméré ti salaki, sok sanajan dina Agama gé henteu diwajibkeun pikeun awéwé mah neangan kifayah téh, haténa galecok sorangan bari ngahuleng ngumbar panglamunan, cipanon ngembeng terus marengan.

Néng Yeni wanoja geulis, béntang lembur anu lungguh, timpuh, kukuh, pancuh ngagem atikan Agama, tara baha kana parentah kolot, salilana nurut ngagugu ka omongan nu jadi indungna, papatah indung salilana napel dina ceulina. Pon kitu deui harita basa Bang Ardi nanya dina surat kumaha cenah hubungan satuluyna? Neng Yeni ngajawab, "Abang saja yang memutuskan." Meureun panyangkana Neng Yeni nitah Ardi mutuskeun hubungan, kulantaran salah harti ahirna kedal ucap pegat dina surat Ardi anu panungtung.

Teu karasa cipanon bedah deui marengan peuting nu beuki simpé, rét kanu kaca eunteung katémbong panonna bareueus, Néng Yeni ngusap beungeut bari istighfar, kulutrak manéhna muka tulak kamar laju ka cai maksud rék abdas tuluy sholat Tahajud, réngsé sholat manéhna nyegruk nyuuh dina sajadah bari haté pasrah sumerah kanu kawasa, utek tongo walang taga sadayana aya nu ngatur, nya kitu deui hirup manusa, tangtu geus aya guratanna, titis tulis tiajali kudu kitu lalakonna, lantaran jodo pati, bagja jeung cilaka sadayana geus diatur ku Mantenna manusa mah ngan ukur bisa usaha.

Kahayang nu jadi indungna sangkan Neng Yeni ulah ngajodo jeung urang peuntas meureun anu pangalusna mungguh Alloh SWT, maklum indungna téh boga budak henteu loba ngan ukur duaan Néng Yeni jeung lanceukna awéwé.

Indungna kacida nyaramna Neng Yeni indit ngumbara jauh dibawa ku salaki, meureunan kualatan kieu mah harepan indungna bakal laksana, haté leutik Neng Yeni asa kaupahan keun waé pegat jeung Bang Ardi tapi bisa nyugemakeun haté Ema, kitu gerentes haté leutikna.

Cipanonna mimiti leler, golédag sirahna kanu bantal, ngahérang nyawang lalangit kamar, teu karasa reup panonna peureum tibra di alam pangimpian.

Isuk isuk sora adzan kadéngé hawar-hawar ngageuingkeun Neng Yeni anu pules tina saréna, panonna beunta ngusap beungeut bari ngadu'a    

“Alhamdullillahilladzi ahyaanaa bada maa amaatanaa wa ilaihin nushur”

[Hartosna: Sagala puji kanggo Allah, anu parantos ngahirupkeun (ngahudangkeun) abdi-abdi sadaya saparantos ngamaotkeun (ngulemkeun) , sareng mung ka Alloh abdi abdi sadaya dibangkitkeun]. (HR. Bukhari no. 6325)

Jung manéhna nangtung muru kamar mandi, gewur-gewur awakna karasa seger dibanjur ku cai anu nyecep, teu ieuh ngarasa tiris buuk baseuh diguyuran kucai tiis, niat meresihan awak sakujur tina rereged kokotor, bari nguatkeun patékadan haté rék mitembeyan léngkah anyar, léngkah nu pinuh ku pangharepan mimiti poé ieu, manéhna gilig jangji rék tigin teguh pamaksudan méréskeun sakola, sakumaha nu di piharep ku indungna sangkan bisa jadi bekel jaga dina nyorang kahirupan nu bakal datang.

Papatah indung jadi pitunjuk arah keur Neng Yeni dina nyorang lalakon hirup timimiti poé ieu kahareup, sabab manéhna yakin ridho indung ridho Mantenna, mun urang tuhu tumut kana papatah indung geus pasti bakal pinanggih jeung kabagjaan hirup di dunya rawuh ahérat kitu dina pikirna. ***

Wallohu'alam bi Showab…

#Piwuruk_kanggo_wanoja_nukeur_ngalaman_pegat_duriat 

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...