Penulis: Eulis Saputra

Eulis Saputra
Ku: Eulis Saputra
(Patrem/Kaci)
Langit medem
bangun nu ngungun.
Ti subuh hujan
ngecrek can tuhur.
Kadangu sora pager
garasi aya nu muka. Katingal Si emang tukang beberes geus ngajanteng hareupeun
panto , can waka wani asup.
Rada reuwas da
asana kuring teu nitah baranggawe deui.
Leuh..karunya teuing mun enya nyiar pigaweeun deui teh, heg kudu mulang deui,
mangka siga nu ngahajakeun datang.
Sajongjongan
pikiran rada ngahuleng. Ti mana keur babayarna mun tea mah kudu ngagawekeun
beberes. Asa teu tega.
"Ti mana Mang
Ading?" kuring api² teu surti.
"Ngahaja bae
Bu, bade nyandak TV tea..."
Aeh, enya. Bet kakara
inget, kapan kuring teh rek mere televisi. Lain TV alus, tapi TV omekeuneun.
Jeung da lain ngahakakeun rek mere nu teu kapake. Bubuhan Mang Ading maksa,
sugan bae cenah bisa keneh diakalan, direparasi deui. Jeung eta deuih aya komputer baheula nu teu
kapiara. Keun payu keneh meureun upama dikilo oge.
Tamba henteu
teuing aya gawe, Mang Ading dititah heula melakkeun tangkal tataleusan bawa ti
Cileutik kamari. Dijajarkeun dina pot urut., maturan tangkal lianna.
Diilik² geuning
barabe oge kudu ngangkut TV kana angkot mah, karunya sina ringkib mah. Lahlahan kuring menta bantuan ka barudak sina
manganteurkeun kana mobil. Bubuhan lumayan loba
angkuteunana, aya tv, komputer, CPU, jeung samak dua heulay.
Alhamdulillah
barudak daekeun.
Opatan kana mobil nganteurkeun
babawaan. Incu anteng nalahunan, atoh dibawa jalan-jalan momobilan. Sanajan
hawa tiris kacida.
Lumayan jauh
geuning nu dituju teh, ka Ciampel persis
hareupeun LPMP pisan.
Aya jalan kampung
leutik tapi rame kagiridig. Lembur pepek pateteep. Minuhan biwir gawir. Imah
Mang Ading nyelap di luhur gawir. Katutupan ku suhunan sahandapeunana.
Hawa tiis nyelesep
tina dampal suku, da puguh imah kurang cahaya, katambah najan puguh geus jam 10
can aya keneh poyan.
Harita pamajikan
Mang Ading mah keur masak di tatangga cenah kabagian nyadiakeun asakan
rereongan keur nu ngabangun masigit.
Nyaho kuring
datang, gura giru nyelang mulang. Ngahajakeun balanja roti kampung, hayang
ngahormat meureun, nyuguhan ka nu anyaran natamu. Darehdeh pisan..terus mipir
ka kebon ngala sampeu jeung daunna, kicipir, jeung kacang panjang beureum,
saleger nakeran. Anyaran mipit asli teu kapestisidaan. Ngarora matak sehat. Eta
kacang panjang teh da sidik aneh keur kuring mah, kakara nempo. Warnana
beureum, beda jeung nu biasa. Niat teh rek dioleh² keun bawaeun ka besan, sina
ngilu apal. Asa reueus boga nu anyar teh sok hayang mere beja.
Duh, aya ku
ngahelas. Ningal kulawarga Mang Ading sakitu getapanana. Anak minantu
nyalampeurkeun, milu nyuguhan ku obrolan nu pikangeunaheun. Ihlas dina nampa tamu, teu sieun ku corona.
Da teu sirikna geuning di kota mah aya oge pribumi nu nolak alim katatamuan.
Inggis mawa sasalad pajar teh, mawa kado oleh² nu teu katempo, wabah bahla nu
bisa jadi cilaka raga jeung nyawa.
Ih, di
pilemburan mah jajauheun, teu kitu
geuning.
Saliwatan katingal
masarakat lebah dinya ubyag sauyunan keur kerjabakti, ngawangun masigit desa.
Silih bantuan, gotongroyong boh tanaga, boh biaya...
Hate jorojoy
katarik hayang nurutan Bi Ading, milu sedekah masjid. Kudak kodok kana saku
ngan aya saperak..
Duh mun seug tea
mah keur aya, moal deuk asa², moal dikoretkeun make kudu dipikir heula. Apanan
ieu mah keur amal nu mulya.
Lahaola, Gusti
Maha Uninga kana sagalana.
Wios nyaa...najan
ukur sarupia, tampi wae da hate.
Hatur nuhun Mang
Ading, Bi Ading
Poe ieu aya luang
nu biheung kasampeur deui.
(Cmh, 21 Feb 2021)