Penulis: Iis Nurhasanah, S.Pd.

Iis Nurhasanah, S.Pd.
(Guru SMKN 1 Cugenang)
Kapungkur mah
Gunung pinuh ku
tutuhuan
Kadu picung kupa
nangka
Hejo lemok dadaunan
Saur abah
Kapungkur mah
Caina herang
ngagenclang
Lele kehkel jeung
tampele
Jadi sumber kahirupan
Na alam teh beut
jadi beda
Teu jiga saur abah
Gunung gundul
Tatangkalan di
raruksak
Walungan ge jadi
saat
Mantak saur abah
Kedah sososon
Bilih hilap ka jaman ayeuna