SI BUNGSU

Penulis: Leni Yunia Daswati, S.T.

Dibaca: 73 kali

Leni Yunia Daswati, S.T.

Ku: Leni Yunia Daswati, S.T.

(Guru SMKN 1 SUMEDANG)

 

Kulutrak panto pager aya nu muka, dituturkeun ku kedepruk na sora sapatu nincak teras,  rét kana jam dinding, gebeg kuring  nu kakara geledug ngalempengkeun cangkéng ngarénjag baruk geus satengah opat, gura giru ngoréjat hudang jung cengkat bari rada dadaligdeugan, kuring ngoloyong ka dapur mukakeun kurung sangu, haté reugreug sangu katut deungeunna geus rempeg, kitu deui sangu haneut dina majic com geus asak.

Hawar-hawar kadéngé sora nu uluk salam. “Assalamu’alaikum...!” sora éta geus layeut dina ceuli kuring saban poé dina mangsa isuk jeung soré sorana ngoncrang minuhan rohangan imah, teu lila gabrug titukang aya nu ngarontok, “Baku néng mah ari tos ngareureuwas Ummi téh”, tapi teu keudeu kareuwas leungit diganti ku kabungah, celengok celengok pipi budak digaléntoran, gap leungeunna néwak leungeun kuring, sakali deui budak téh uluk salam bari nyium leungeun kuring, teu kungsi lila beretek lumpat ka kamarna, kamar pulas kayas pinuh ku rarangkén pernak pernik gambar barbie nu ditapelkeun dina tembok, méja tulis warna kayas sasetél jeung risbang kayas katut lomari pakéan jeung toalétna, di juru kamar lomari leutik camperenik dieusi pinuh ku bonéka jeung cocooan anu serba kayas, apan éta téh modalna gé sabarahaeun wéh demi ngahayunkeun kahayangna malah mandar budak daék saré sorangan, basa na téh néng kersa bobo nyalira pami kamarna na dipulas warna pink saréng sadaya eusina kedah warna pink, nepika pernak pernik sagalana ogé pink cocog jeung nu dipikahayangna.

“Ummi... Ummi... néng lapar,” kecap éta nu pangheulana kaluar tiap balik sakola, nya ari kituna mah pantes  meureun da budak téh capé sapopoé jeput di sakola, lain kuring jeung bapana téga mihapékeun budak ti isuk tepi ka soré di sakola, pan ayeuna mah gening geus ilaharna budak téh disakolakeun di sakola IT. Sakola anu waktu diajarna ti isuk nepika soré bari di sakolana tara aya tukang warung, da cenah ngarah budak teu sagawayah jajan dahareun nu  matak pipanyakiteun,  diantarana dahareun nu ngandung bahan pengawet atawa inuman nu maké gula biang, pan éta téh bisa ngaracun lamun terus terusan dikonsumsi ku budak, mangka meureun lain sakali dua kali tapi unggal poé sapanjang budak di sakola, atuh tangtuna pikeun  ruab raéb budak téh kudu dibekelan opieun / snack, ogé sangu jeung deungeunna keur dahar beurangna tapi da mun teu mekel gé biasana di sakola sok disadiakeun catering  nu tangtuna kudu dibayar unggal bulan. Béda jeung sakola negeri biasana, di sakola IT mah sajabana budak diajar maca, nulis, ngitung jeung pengetahuan umum téh ogé diajarkeun élmu agama, diantara na maca, nulis Al-Qur’an jeung apalan surat surat pondok. Ngan nyakitu dina biaya mah gening rada onjoy nyakolakeun budak di sakola IT mah dibanding jeung biaya sakola negeri. Tapi da teu panasaran si bungsu téh gening apalan surat-surat pondokna geus loba, ampir sa Juz Amma geus katalar.Katambah budak téh jadi tambah hideng jeung mandiri gening ari sapopoe jauh ti indung bapa mah,teu cara lamun digugulung ogona téh nataku.

Kurunyung budak kaluar ti kamarna geus meunang diganti baju, baju kayas kameumeut na jeung calana panjang training meni metat da karesep di lancingan panjang néng mah, basana téh améh haneut sareng teu anolékak, da istri mah saur ibu guru gé kedah baruni, kedah nutup aurat komo upami tos baligh mah cenah kitu pokna, kituna mah meureun da geus dibiasakeun ku kuring tileuleutik tuman dirangkepan calana panjang dibunian mun di rok tara bruy bray kaciri ping ping. Ari sakalieun lamun indit-inditan boh deukeut atawa komo mun jauh tara lesot ti cindung majar téh néng mah takut dosa kalo keliatan rambut cenah.Boga budak awéwé téh teu kudu hésé mapatahan sagala rupa gé geus ngarti sorangan, kétang meureun lain nyaho sorangan tapi apan dipapatahan ku guru-guru na anu sakitu  laleketna kana agama meureun pibasaeun ayeuna mah guru-guru si Bungsu mah Rohis, katingali tina papakéan dines sapopoé na teu weleh maké gamis panjang, tiung panjang nutupan awak, éstuning syar’i panampilan na téh. Nya teu anéh lamun barudak didikna niru nurutan kabiasaan guru-guru na. Malah si Bungsu mah nepika ngaidolakeun guru kelasna, cenah udah cantiik, baik pinter ngaji lagi bu guru mah, néng hoyong sapertos kitu, cita cita néng mah hoyong janten dokter anu tahfiz Qur’an, Subhanalloh mugi Gusti ngaijabah cita-cita pun anak. Insya Alloh da néng mah anaknya sholéha, pinter sareng nurut ka Ummi, Abi, pasti Alloh ogé bakal sayang ka néng sareng ngaijabah sagala do’a sareng cita-cita mulia néng..Aamiin YRA..

“Néng upami badé emam wasuh heula pananganna nganggo sabun sing beresih nya geuliis...”, “ siap Mi” , tembal budak bangun daria, kacirina téh sok atoh pisan ari ku indung di uah aéh daréhdéh téh, jadi tambah nurut tara baha kana paréntah, bérés kukumbah leungeun kop kana piring tuluy ngeduk sangu dua cukil, jelenun kana goréng hayam aya dua keureutna , kuring nyerangkeun ti kajauhan, haté bagja budak téh teu kudu hésé ngolo ngolo dahar, malah sabalikna si Bungsu mah rampus pisan, teu sirikna sagala beuki ceuk paribasana, dahar jeung tutug kurupuk dikécapan ogé ponyo waé  Awakna lintuh ngeusi, dibandingkeun jeung babaturan sakelasna budak téh katingali pang badagna, jangkung jeung gede na saimbang, keur ukuran budak kelas 5 SD mah kasebutna bongsor, malah siga sigana mah bakal ngaleuwihan gede ti indungna jaga na téh, ceuk nu nyebut mah meureun ngala ka bapana cenah.

“Néng ari emam téh bari calik!” kuring ngagorowok ti dapur, sabab geus apal kabiasaan budak ari dahar teh sok bari ngadapang, digeunggeureuhkeun kitu gura giru manéhna ngoréjat, gék diuk cindekul hareupeun TV bari ngalimed ngahanca tobas bangun anu ponyo pisan.

Rét kuring ka bapana nu keur nyangheuy dina korsi bangun anu nahnay, kuring ngagerentes dina haté meureun capé salaki téh sapopoé jeput digawé ngajar barudak di sakola bari perjalanan ti imah ka tempat dines na téh kawilang jauhna, kurang leuwih 40 menit perjalanan kanu motor cacak henteu kapegat macét, ari kanu motor mah meureun katiisan ongkoh,jaba balik ti pagawean téh tara langsung muru ka imah tapi sok tuluy gura giru ngajemput si Bungsu di sakolana, meni asa taya rinéhna jaba unggal poé kitu na téh indit isuk balik soré ti saprak aya aturan sakola full day téa. Absén datang isuk isuk jeung absén mulang soré teu meunang kaliwat majar téh cenah bisi mangaruhan kanu pencairan TPP, kuring mah teu pati ngarti da sakadar ibu rumah tangga biasa nu ngan bisa nalar bumbu dapur jeung kaperluan sapopoé di imah, sakola luhur gé gening ari teu kamilikan mah angger wé nganggur. Tisaprak aya aturan absén online kitu katingalina salaki téh asa beuki ripuh matak pikarunyaeun, nya pang pang na mah ku jauhna ka tempat dines. Di rérét kukuring téh anjeunna ngarindat, kuring surti “Abi haus”? ngan sakilat koréjat si Bungsu nangtung, berebet lumpat ka dapur teu lila jol mawa cai sagelas sor diasongkeun ka bapana, “Ieu eueut Abi” pokna ngasongkeun gelas. Kuring jeung salaki silih rérét, gelenyu imut... kacapé jeung karipuh ilang kualatan si Bungsu nu pikayungyuneun. ***

Corétan keur Si Bungsu Zahwa Khumaira Anaking Jimat Awaking,,,

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...