Penulis: Sarah Gilang Permatasari

Sarah Gilang Permatasari
Oleh Sarah Gilang Permatasari
Soré
ayeuna hujan teu baé raat. Caleubrik, nu
kadéngé ukur gaang nu héhéotan di patamanan. Peuting ayeuna sigana bakal dibaturan
ku halimun mipindingan lalangsé haté. Sedeng béntang nu sok reunceum maturan
simpé jeung bulan nu sok maturan ngawadul ngeunaan harepan, pastina gé kabulusan. Moal deuk némbongan, keun baé. Ngan isuk
peuting mah mun bulan datang, pangbejakeun ka panutan salam sono ti kuring nu
teu ongget2 nungguan béja tina unggal hiliwir angin nu nyiliwuri. Sedeng
béntang, pagéto pangécéskeun ngeunaan katresna nu teu kendat-kendat cumarita
ngeunaan duriat sajagat ka panutan.
“Na teu
capé nungguan kalangkang dina peteng atawa siluet nu leungit kapeutingnakeun?
Geura ka dieu urang usapan ku katresna nu nyata lain patamorgana di gurun
sahara.”
Lah moal,
kuring mah moal kabéngbat ku kingkilaban nu narémbongan, ngagoda ku rupa-rupa
pangbibita, kuring mah moal galideur bakal tetep pageuh dina tangtungan, da
anjeunna kantos jangji baris ngajak kuring ngapung ka awang-awang, lain dina
balon udara atawa kapal udara, tapi dina kertas nu natrat sinerat ngaran manéhna
jeung kuring, nu pastina ngajak lalayaran dina parahu ngambah sagara impian, atawa
rék leuleumpangan dina amparan langit nu pinuh ku béntang-béntang nu baranang.
“Nu kitu
waé dipercaya, bohong! Éta mah ukur sindang, saliwat pegat, na teu surti kana
réngkak nu nonggérak, sugan nepi ka ayeuna aya béja, béja yén manéhna bakal
nedunan jangjina, nu aya ukur beja-beja nu tingsuliwer mawa carita anu baris
numuwuhkeun kacangcaya.”
Kuring mah
percaya anjeunna moal sulaya,
“Na teu
sieun bakal nyorang tunggara nalika pangharepan teu sarua jeung kanyataan?”
Moal.
“Na moal
kuciwa lamun kanyahoan anjeunna sulaya”
Moal
“Itu
geura”
Kajeun
teuing areuy pinuh cucuk ngagalaksak ka sakuliah awak, kajeun teuing nandang
kuciwa nu nyaliara dina dada, batan kudu sulaya kana jangji nu geus patali. Cadu!
“Geuning
buktina ayeuna indit ka kota, kalah leungit tan laratan, cenah rek nyiar
pakaya, keur mahar ka salira, tapi mana buktina?”
ahhh boa-boa keur riweuh ngumpulkeun banda
tina unggal keclak kesangna. Nya keur bawaeun balik, nedunan jangjina ka kuring
dibarengan ku ondangan nu baris mawa kabagjaan.
“Naha teu
sieun manehna di ditu keur gogonjakan jeung awéwé lian. Nepi ka poho ka panutan
nu geus dibéré harepan, nya harepan-harepan anu mangkak dina sabudeureun
pakarangan haté.”
Jungjunan
kuring bakal mulang bareng jeung kertas tanda bukti harepan bakal jadi
kanyataan. Tandaning kasatiaan bakal dibales ku kaheman nu hamo laas dina
unggal renghap napas, nu moal ilang dina itungan jaman.
“Heug
atuh, ari kitu mah sok wé tungguan jungjunan anjeun, rék nepi ka iraha bakal
ayana. Da geuning mani keukeuh peuteukeuh.”
Nya da
kuring mah moal oyag, jiga dahan kalapa nu katebak angin. Moal kuring mah, moal
kagoda ku angin nu ngusapan, ngajak reureuh sakedapan. Jig tanya ka bulan naha
geus sabaraha lila kuring nungguan engkang. Lila. Geus teu aneh. Geus biasa.
Ti harita,
saprak paguntreng jeung manahna. Mangbulan-bulan ganti ku taun taya béja pisan.
Teuing geus sabaraha lila nyorang harepan nu teuing iraha jadi kanyataan.
Unggal poé ukur sugan jeung sugan nu marengan, sugan poé ieu mah aya béja, tapi
nepi ka ganti deui panonpoé ku bulan, bulan ganti ku panonpoé. Lah sugan énjing
deui.
Nepi ka
dina hiji poé, aya nu nyaangan kana lalangsé haté. Aya nu mawa iber nu bakal
ngajawab sakabéh caritaan.
Hawar-hawar
aya sora nu ngucap salam.
Tah sugan
jungjunan kuring mulang.
“Cik, sing
taliti naha éta sora anjeunna. Tempas manah nu milu nyambung kana pipikiran.”
Eh.. ké
heula, lain, éta mah lain jungjunan kuring. Lain kitu sorana. Lain!
“Sok atuh
tepungan heula, cik tingal kaditu geura! Karunya itu nu salam ngajajanteng ti tatadi.”
Geuning
jorojoy aya kasieun, kahariwang ngaléngkah téh asa rék murag ka jungkrang, ka
jungkrang nu nya jéro nya lewang.
“Cih itu
geura, kalah ngalamun, énggal sampeurkeun!”
Lah moal.
Kuring moal muka panto ka saha waé anu lain jirim jungjunan.
“Boa-boa
mawa iber hadé. Boa-boa utusan Panutan.”
Barang
muka panto, jalma nu ngucap salam téh geus teu kaciri jirimna, nu aya ukur ondangan nu ditunda hareupeun
panto.
Tuh ceuk
kuring ge naon, kang Iwan bakal nedunan jangjina. Yeuh tingal buktina mani écés
sinerat I & F. Ék kumaha deui kacangcaya marojéngja dina dada. Moal ayeuna
mah. Bari angger neuteup ondangan anu dicecekel dina leungeunna masih dibungkus
ku plastik. Tapi naha lain kang Iwan nu
nganteurkeunnya.
“Sok atuh
buka tingali lebetna.”
Barang
dibuka. Iwan Setiawan & Firda Lestari.
Kuring
ngajenghok, teu lemek-lemek nyarita. Naha Firda Lestari? Pan ngaran kuring mah
Fani Ramadani. Salah sugan ieu téh?
“Apan ti
baheula gé, kuring mah geus méré iber dina kacangcaya. Manéhna ukur sindang
saliwatan, gogonjakan jeung awéwé lian. Naha atuh teu percaya waé ka kuring, ka
haté, apan haté mah moal salah.”
Horeng,
jungjunan geus mulang kana haté nu hegar ku kembang-kembang harepan. Ngan
hanjakal harepan nu geus diseuseup tina kembang-kembang nu mangkak geuning
dibikeun ka awéwé lian. Duh jungjunan geus mulang ngajirim dina simpé. Kalangkangna
kumalayang, geus pamohalan kadongkang. Enya Akang ngapung ngawang-ngawang tapi jeung
awéwé lian lain jeung kuring.
Harepan-harepan
maluguran
Sirna.