TANDANG MAKALANGAN

Penulis: Wiwin Herna Ningsih

Dibaca: 110 kali

Wiwin Herna Ningsih

Karya Wiwin Herna Ningsih

 

 

Sampurasun...

Pun... Pun... Ingsun... Tabe... Pun...

Hung... Ahung... Sabale gandrung

Rampak lengkah para jawara

Cing cing garincing pageuh kancing

Mangrupa sang Hyang greda

Ngahiliwir mawa wawangi

Manis seungit ngadalingding

 

Hayu urang tandang makalangan ngaraksa budaya ki sunda

Dina milangkala pusaka kalidasa nu ka lima

Sabage simbul kasampurnaan dina sumpah atawa janji

Bagja waluya rahayu ngemban amanah sajati

Ngabangun manusa sajatining manusa

 

Hak zat gumelar, ing pawenang lan pamenang

Kanggo anak putu di alam dunya

Jembarkeun dina kalimah syahadat ngabangun ahlak

Jadi mulya berkah salamet

Luhung ku elmu, guyub jang balarea

Sabage lambang kakuatan ragawi lan jiwani

 

Hung... Ahung...

Para jawara garincing ngahentak kendang Kahuripan

Kukuh pengkuh ku kaimanan

Iketan karukunan papada jalma

Siliwangi silih wangian

 

Sarasa... Sarasi... Ngahiji...

Sabage bakti ka sang Hyang Tunggal

Dumasar dina laku guna manfaat

Warisan para leluhur

Restu sugih mukti wibawa sakti

Dina tandang makalangan

Pating haleuang pating daleungdang

Ngariksa budaya karuhun jang salawasna

Hung... Ahung... Rampes

 

King Of Mandala, 2023

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...