Penulis: Eulis H. Saputra

Eulis H. Saputra
(Panineungan ka Alm Hj.Lilis Suartini, M.Pd, guru PPkn SMPN I Cimahi)
Ku: Eulis H.
Saputra
Dinten ieu, pancen
anjeun tos lekasan
Sagala lara nu
karandapan tos dipungkas
dibunian, dirurub
ku kaen bodas
ti dampal dugi
mastaka
Citangis nu
ngagendang na kongkolak soca
Teu wasa ragrag
Ngan ukur ngalimba
dibarung dunga
Ngajajap semet
buruan rasa
Ras émut,
nalika anjeun
ngadeg di batas gerbang sakola
Ngabagéakeun
sakumna siswa ku salam sapa
Ngawuruk siswa
disiplin sangkan tangginas sumping
Unggal enjing nu
pinuh niat,
anjeun sok sumping
bari nyimpen doa
Seuri anjeun
janten panglipur,
sanajan dina hate
aya capé nu teu kasaurkeun
Urang tos puluhan
taun meuntasan waktos sasarengan
Nyandak rupi-rupi
kawangi carita nu rébo ku pangabdian
Aya kalana seuri
babarengan,
aya kalana cimata
padungdengan nu ditahan dina sujud peuting nu tingtrim
Kamari pisan
anjeun ngalanglang sabar,
Sanés ku kecap nu
panjang,
tapi ku cara nampi
sagala ujian
Napakuran titipan
ti Gusti Nu Maha Welas tur Heman
Dinten ieu anjeun
nilar dunya
Ninggalkeun tapak
dunga di rohang kekas
Ninggalkeun abdi
sadaya
Ninggalkeun
sagalana
Seja umadep
ka Nu Maha
Kagungan sadaya
Mugia unggal
léngkah anjeun
dicatet janten
amal nu teu pegat,
jantwen cahaya di
alam kalanggengan
Jiwa-jiwa nu biasa
patarema
ngarumat
panineungan dina do'a
Léngkah
anjeun ngajar kalayan ikhlas tur daria
ngabdi ka nagara
mugia janten ibadah anu mulya
Sabab pisah lain
tungtung nu taya makna
tapi pasrah dina ridho-Na.
Insya Alloh,
husnul khatimah