TATANEN DI KAMPUNG KALIDASA

Penulis: Wiwin Herna Ningsih

Dibaca: 150 kali

Wiwin Herna Ningsih

Karya Wiwin Herna Ningsih

 

Sampurasun...

Pun... Pun... Sampun... Tabe... Pun...

Hung... Ahung... Sabale gandrung

Sang Hyang Manon moncorong di ranah sundawi

Lisung tutunggulan di Kampung Pusaka Kalidasa

Rahayu waruga jagat

Samesta rasa

Samesta raga

Pating haleuang

Pating daleungdang

Buburak hasil tatanen

Di buana alam panca tengah

 

Rasa jati

Rasa suci

Rasa sampurna

Silih asah, silih asuh, silih asih

Silih wangian papada jalma

Jiwani lan ragawi

Ngajadi manunggaling rasa nu uyub jeung balarea

 

Hung... Ahung... Sabale gandrung

Dipirig ku eling jeung hariring

Jentreng kacapi

Dipapag ku haleuang

Sabilulungan dasar gotong royong

Henang hening Sang Hyang Wening

 

Hatur nuhun banyu

Hatur nuhun bayu

Hatur nuhun geni

Hatur nuhun Ambu Hyang Nyai Sri Pwah Aci

Hatur nuhun hasil bumi Pertiwi

 

Sabab inyana tos ngaraga sukma

Sabage sambung daya

Jang hirup Kahuripan

Dumasar dina laku guna

Sabage bakti ka Sang Hyang Rasa

Warisan para karuhun

Mulus rahayu berkah salamet

Rahayu salawasna

Cag...

Rampes.

 

King Of Mandala, 31 Juli 2023

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...