Penulis: Eulis H. Saputra

Eulis H. Saputra
Oleh Eulis H.
Saputra
(KACI/PATREM)
Laut ngagimbreung
di lemah kadeudeuh
Ratusan rebu jiwa
ginggeung neang pamuntangan
Ngeumbingan alam
nu dileled ku bedahna galura samudra
Harita, bedah
rebuan cimata ngadunya
jumerit na rasa nu ngabuana
Sarawu do'a nu
dipulasara
Dinangna nengne na
rohang dada
kasadrah jeung
kaikhlasan
Geuning, papasten geus tiba ti ajalina
Rasa jeung jiwa
ngahijikeun kayakinan
Nengetan bacaeun
nu balatak di jabaning alam
Di darat,
Di laut
Jeung di jomantara
Sora-sora reang
ngahariring nafakuran
Nyaliksik
kahirupan nu kauger ku aturan
Meuseuh memener
pikir dina kungkungan waktu nu geus tangtu
Nyungsi elmu
catoneun keur nu kaleleban
Tsunami nungtun
ati sangkan surti
Miwulang raga anu
tunggara
Ngajak pikeun
ngolah rasa jeung jiwa
Matemakeun
karohanian jeung kamanusaan
Ngagiring lengkah
ngudag karidhoan
Leuh, geuning
karasa hengkerna
Kabagjaan nu geus
disakuan
Loba keneh nu can
kamaknaan
Tsunami mere janji
dina ati
Ngajak surti nepi
kapati
(Leuwigajah, 26
Nov 2021)