Waktu Balebat

Penullis: Olis Aisah

Dibaca: 32 kali

Olis Aisah

Ku Olis Aisah 

(Guru SMKN 1 Cikalongkulon) 

 

Balebat ti belah wetan hibar nyaangan

Kuniang kuring nyaring

Rewas campur hanjakal sare kamalinaan

Waktu nu mustajab liwat kitu wae

 

Sanajan heureut waktu

Tilu rakaat salat witir

Ngadoa leuleub cimata ngalembereh

 

Ya Allah …

Hampura sagala dosa …

Kuring rumasa sok nunda waktu

Nu penting dianggap lumayan

Nu teu aya hartina diutamakeun


Duh Gusti…

mung ka Anjeun kuring muntang

Mugi kersa nangtayungan tina sagala pakewuh

Ngabulkeun sagala pamaksudan

Tag:
Nalar Lainnya
...
Dadan Supardan

Cerutu

Nalar Lainnya
...
ENDANG KOMARA

INDEPENDENSI ASN

...
Asep S. Muhtadi

Komunikasi Pembelajaran di Masa Pandemi

...
Prof. Dr Cecep Darmawan, S.Pd., S.IP., S.H.,M.H.,M.Si.

EKSISTING DAN PROBLEMATIKA PENDIDIKAN DI JAWA BARAT

...
...
...