Penulis: Ganjar Permana

Ganjar Permana
Sangian
Ganjar Permana
(Salah
Sawios Guru Mata Pelajaran Seni Budaya SMA Negeri Cipongkor)
Kiwari di SMA Negeri 1 Cipongkor aya bangunan nu endah tur tohaga nyatana hiji tempat nu aya sabudeureun lapang pernahna ditungtung belah kaler payuneun kantor pupuhu sakola, nyatana saung anu ilaharna disebut gazebo. Ari gazebo teh nyaeta basa deungeun tina kecap gaze (Inggris) artina nempo, jeung ebo (latin) ka luar, lamun dihartikeun sacèrèwèlna na mah nempo ka luar.

Dokumentasi
poto Bapa Iman Budiman, M.Pd
Gazebo
ilaharna dijeun hareupeun tepas imah, taman atwa di teras tukangeun imah. Bisa
oge di gigireun kolam renang pikeun jadi papaes di eta tempat. Ari dijieuna mah
basajan mung aya unsur seni sacara artistik supaya sieup tur katingali nyeni,
mantes jeung endah, saè na mah sena ngageblang ngan tong leuleuwiheun. Salah
sahiji tujuan tina saung/gazebo teh diantarana tempat pikeun leleson, sangkan
genah tur tumaninah ningali patempatan di luar.
Mun
nalungtik kana kasang tukang ti beh dituna, gazebo baheulana arsitektur eropa,
anu sok disebut masion ( imah gede ) para bangsawan, anu diriung ku taman,
kolam, air mancur jeung nu lain na. Ari nurutkeun basa indung mah ( basa sunda
) saung teh nyaeta hiji tempat ngiuhan atwa imah leutik nu ilaharna sok aya di
pasawahan, dikebon, dihuma/pasir atawa di hiji tempat nu jauh ti imah. Nurutken
Kamus Besar Basa Indonesia ( KBB ) saung = gubuk, rumah kecil.
Diadegkeunana
saung/gazebo di SMA Negeri 1 Cipongkor lain ngan saukur keur tempat leleson
jeung artistik hungkul tapi aya sawatara fungsina nu baris di kapayunkeun,
diantarana nyaeta :
1. Sarana penunjang kana kagiatan belajar
Saung/gazebo
anu di wangun di palataran lapang SMA Negeri 1 Cipongkor bangunanana lega,
nyaman ogè ku ayana udara anu sejuk, ku kituna ieu saung teh manfaat tiasa
ngabantos kanggo peserta didik sangkan leuwih macakal tur hasil pamaksadanana.
2. Tempat ngerjakeun tugas
Peserta
didik laluasa ngerjakeun tugas boh sewang-sewangan atawa kelompok sabab
tempatna lega, hampar tur aya amparan oge utamina aya colokan/stop kontak
janten tiasa ngabantos kanggo ngecas laptop, hp oge masang pasilitas sanesna
kanggo media belajar.
3. Tempat leleson/istirahat, santai
Pangais
pangatik oge peserta didik tiasa ngalungsar bari leleson tina akrivitas sakola,
sangkan aya tanaga ogè ngaluangkeun waktos pikeun ngahening pipikiran.
4. Tempat gunem catur jeung gotra
sawala/berdiskusi
Salah
sawios aktivitas gunem catur/ngobrol, ogè gotra sawala/berdiskusi, debat
pastina raos margi tempatna iuh, lega oge sejuk. Sok komo mun aya angin nu
ngahiliwir matak waas tur kagagas kana pikir ngalantarankeun raos manah raos
emutan, raos ngobrol sambil liron pamadegan.
5. Fasilitas karancagèan/penyalur
kreativitas
Peserta
didik anu gaduh kreatif sareng produktif biasana ngabutuhkeun suasana jeung
tempat anu nyaman supados kengeng inspirasi, sabab ku ayana ieu tempat bisa
ngahasilkeun ide-ide anu kreatif nu balukarna gaduh emutan anu cemerlang. Oge
nu gaduh karancagean dina hal seni tiasa ngabantos bari sambil latihan.
6. Tempat observasi
Ku ayana
aktivitas oge kagiatan di sakola nu kacida reumbeuyna ieu tempat tiasa kanggo
observasi, saumpana sambil ngantosan guru-guru nu bade ngawulang, atanapi guru
nu bade lebet ka kelas sambil ngalamgkung tiasa calik heula tur reureuh
sakedap.
7. Tempat Silaturahmi
Kempel
ngariung sasarengan ngajadikeun keluarga besar SMA Negeri 1 Cipongkor langkung
nganteng tali duduluran oge mimitraan diantara sadayana.
8. Tempat Balakècrakan
Suasana
anu ngadukung ngajadikeun saung raos kanggo tuang ngariung/ botram sasarengan,
ku ayana tempat anu nyaman bari hawana sejuk teu matak harudang.
Nu jadi
kaunggulan tina saung nu aya di SMA Negeri 1 Cipongkor mah nyaeta pikeun
peserta didik bisa diuk mando, ngempel ngariung tur babarengan nambahan elmu
pangaweruh salah sawiosna bari maca, matak ieu saung teh di ngaranan Saung
Literasi. Anu di resmikeun ku salah sawios pupuhu SMA Negeri 1 Cipongkor nyaeta Bapak Drs. Adi Sumiarto,
M.Pd dina kaping 17 Juli 2019.
Sateu acan
diresmikeun ku nami saung literasi, kantos aya usulan nami sejen ti salah
sawios pangais pangatik SMA Negeri 1 Cipongkor nyatana Bapa Hj. Yadin
Sehabudin, M.Pd, anjeuna nyangem kango nganamian eta saung ku nami Saung Adi
Sumiarto supados janten nganteng di emut ku balarea kana jasana oge janten
kenang-kenangan, Mung Bapak pupuhu waktos harita teu sapagodos sareng pamadegan
Pa Haji. Anjeuna ngajentrekeun yen eta saung teh milik salarea jeung pikeun
balarea, nu tiasa digunakeun tur dimanfaatkeun ku sadayana warga sakola, tong
di namian ku nami pribadi. Nu ahirna saung nu tos beres di adegkeun waktos
harita, cunduk di namian Saung Literasi.
Bapa
Adi Sumiarto gaduh harepan kapayuna ieu
saung teh tiasa jadi salah sawios cukang lantaran majengna sakola ku
ngagalakeun budaya literasi. Siga nu atos terang kapayuna, tur gaduh sawangan
pikahareupeun dina wangkid ayeuna sa atosna Bapak Adi Sumiarto mungkur ngalih ka SMA Negeri 1 Ciwidey, kahoyong sareng harepan
saolah-olah di cumponam saur paripaos tea mah asa mobok manggih gorowong, asa
meuntas dipapag cukang, gaduh pamaksadaan hatur kapiunjuk, ku pupuhu sakola nu
enggal nyaeta Bapa Saepul Muhtadin, S.Pd gaduh program Gerakan Litetasi Sekolah
anu sok di singket ku bahasa Gelis.
Luyu tur
payus gaduh tempat Saung Literasi di resmikeun ku pupuhu sakola nu lami anu
teras di lajengkeun ku program pupuhu sakola nu enggal. Ku ayana kitu tiasa
ngaheuyeuk, saigel sapihandean janten di SMA Negeri 1 Cipongkor gaduh
kaunggulan dina widang literasi. Budaya literasi ngajantenkeun warga sakola
macakal dina widang elmu pangaweruh, margi luyu sareng babasan dina basa sunda
“Buku teh gudangna elmu, maca minangka koncina”. Janten lamun urang hayang
nambah elmu, nambah wawasan kudu daek sareng seueur maca.
Ku kituna
ka sadayana wadia balad pangais pangatik SMA Negeri 1 Cipongkor hayu urang
sukseskeun program Gelis ( Gerakan
Literasi Sekolah ) nu atos dipapadonkeun ku pupuhu sakola SMA Negeri 1
Cipongkor Bapa Saepul Muhtadin, S.Pd sangkan ningkat pangaweruh, tambih elmu, tambih
pangalaman tur tambih katiasa.
Mugia ku
ayana tempat saung literasi diteraskeun ku program Gelis ( Gerakan Literasi
Sekolah ) ngajantenkeun sakola hirup, tur hurip, ngahontal prestasi nu pada
ahirna ngawujudkeun cita-cita SMA Negeri 1 Cipongkor nu diluluguan ku Bapa
Saepul Muhtadin S.Pd nyaeta Sakola Desa Prestasi Kota. Mugia ieu kecap sareng
bahasa teh tiasa tinekanan tur cunduk diparengkeun ku allah s.w.t diijabah,
sanaos sakola dilembur urang kedah gaduh pinujul tur kamashur.
Sateu acan
simkuring mungkur tina ieu seratan, simkuring bade ngutip seratan ti salah
sawios ahli bahasa nyaeta Bapa Iman Budiman, M.Pd anu sangemna : “ Sebelum kita
menanamkan kegiatan berliterasi pada siswa, kegiatan literasi tersebut harus
sudah melekat dalam diri kita “. Anu
pihartoseun nana urang salaku guru kudu nyieun conto nu nyata, kudu jadi
teladan, kudu bisa jadi guru nu dikiratakeun digugu jeung ditiru. Cindekna saur
paripaos dina basa arab kedah Ibda binafsi nu hartosna kedah ngawitan ti diri
urang nyalira, insya allah pami urang tos ngawitan diajar pasti nu sanes tiasa
nurutan. Mugia sakola urang tiasa nyongcolang ku prestasi tur unggul dina
widang literasi. Cag dugika dieu sim kuring seja mungkas ieu seratan.
Wallau
A’lam Bishawab.