Penulis: Eulis Saputra

Eulis Saputra
Ku: Eulis Saputra
'TREM PATREM, trem Patrem...
Paguyuban Sastrawati Sunda
Perlambangna kahormatan diri
Perlambangna kakuatan diri
Ciri wanoja Sunda sajati
TREM Patrem, trem Patrem
Paguyuban Sastrawati Sunda
Nembus tembus (ka)na mamaras rasa
Nembus tembus ka lulurung mangsa
Tapak wanoja Sunda sajati
Diasih
Diasah
Diasuh
Diseukeutan (di)na tulisan
Ngotretkeun
Kamampuh
Nu tanggoh
Nyoarakeun tangtungan ajen.
Poe Sabtu, 8/11/2025, ieu karatagan Patrem
ngagalindeng di Gedong Pusat Budaya Sunda, Univeraitas Padjajaran di Jl. Dipati
Ukur Bandung, jadi pananda bubuka acara Patrem (Paguyuban Pangarang Wanoja
Sunda)
Teu karaos waktos mapay na saban taun ti awit 4 November 1982
dugi ka taun ieu 2025, PATREM Panceg dina yuswa wanoja dewasa nu ka-43 taun.
Ngagelar silaturahim kalayan diwewegan ku mini dialog
ti para panyatur nu ahli dina widang tulis tinulis. Aya sastrawan, budayawan
senior (Prof. H. Yus Rusyana, Aam Amilia, Abdulah Mustafa, Tatang Sumarsono,
Cecep Burdansyah, Dian Hendrayana, wartawan, penerbit (Rahmat Taufik)
tokoh-tokoh nu marajian ngadegna PATREM (Ambu Yooke Cuparmah, Ceu Popong Otje
Jungjunan) jeung wawakil ti muslimah Jawa Barat, Dr. Caria saparakanca.
Sanes heuheureuyan kanggo hiji organisasi tiasa ajeg
aya keneh dugi ka puluhan taun. Ieu téh prestasi anu henteu joré-joré.
Patrem teu euyeub ku pamuji atanapi piala, tapi PATREM
aya dikieuna ku alatan para anggotana nu satia miboga rasa anu sarua. Resep
nulis ajangeun balarea.
Anapon tulisanana teu sadaya pinunjul teu janten
bangbaluh, da niatna ogé pikeun ngasah kamampuh ngébréhkeun peta kabasaanana
dina wangun tulisan boh fiksi boh non fiksi, bari mageuhan silaturahmi.
Upama aya anu ngaapresiasi tiasa dimuat di salah
sahiji media boh surat kabar atanapi majalah, tangtosna ieu jadi kareueus keur
anggota Patrem kuanjeun.
Apanan aya waktuna nalika nulis téh lain saukur nyusun
kecap, tapi cara pikeun nyumponan kabutuhan jiwa.
Pikeun sabagian jalma, nulis téh ngan ukur ngébréhkeun
pamikiran, tapi pikeun anggota Patrem
anu geus ngarasakeun jero na pangalaman hirup, nulis téh saperti napas, kudu
aya jengglénganana supaya hirup karasa lengkep.
Hal ieu pisan anu diupayakeun ku para anggota Patrem
nepi ka ayeuna.
Mungguh keur nu boga ketak nulis mah, nalika urang
nulis téh, saéstuna urang keur nyarita
jeung diri sorangan. Aya rasa nu teu kungsi kapanggih dina obrolan, tapi bisa
kapanggih dina kalimah nu urang tulis.
Nulis ngajarkeun urang jujur, ngajarkeun urang ngaku
yén dina diri aya rasa, aya salah, aya kahayang, aya kehemeng, jeung aya pangampura.
Unggal kecap anu mucunghul téh siga eunteung nu
némbongkeun jerona haté. Tampolana, urang manggihan deui rasa syukur nu
leungit, atawa manggihan deui harti tina kahirupan anu basajan.
Nulis téh lain ukur pikeun dibaca ku batur, tapi
pikeun ngadéngékeun sora batin sorangan.
Dina éta prosés, urang diajar ngarti, diajar ikhlas,
jeung diajar hirup kalayan sadar yén sagalana téh titipan Gusti.
Ku kituna, nulis téh jadi jalan pikeun ibadah meresihan
jiwa. Sanajan ngan sababaraha kalimah, lamun ditulis kalayan haté, éta bisa
jadi panglipur jiwa pikeun rasa nu teu kapanggih ku kecap.
Pikeun Patrem nulis téh lain beban, tapi kabagjaan.
Lain kawajiban, tapi kabutuhan.
Sabab dina unggal gurat kecap, aya kahirupan nu hayang
dicaritakeun, aya rasa nu hayang ditafakuran jeung aya jiwa nu hayang pinuh ku
cahaya.
Udagan Patrem, teu marakela. Lir ibarat ngalirna cai
di walungan anu endah, asri tur mawa tingtrim,
ngamalir malidkeun rasa anu
basajan tapi ngocor mere nafas jiwa dina golontorna kahirupan.
Saha anu haat tiasa ngangkat nanjeurkeun kamulyaan
niat ieu para wanoja?
Nya tangtuna saha baé nu aya diluareun Patrem atanapi
para Apresiator téa.
Para tokoh Sunda, budayawan, Sunda, Para Pangarang
Sunda, Redaktur Media cetak jeung digital koran atawa majalah, Pimpinan
televisi lokal, atanapi radio, leuwih jauhna masarakat jeung Pamarentah Jawa
Barat, katut dinas-dinas terkait liannya.
Éta sadaya bisa méré andil pikeun hirup huripna ieu
para pangarang wanoja Sunda
Ngaliwatan karya anu dimuat dina rupa-rupa media, sacara
teu langsung milu ngawanohkeun anggota Patrem dina mekarkeun karancagéan
nulisna.
Sanajan henteu sadaya anggota teu acan lebet kana
kategori sastrawati anu bergengsi nu layak mibanda prestasi "Nobel", Henteu
janten alit manah, henteu janten mugagkeun lengkah. Apanan unggal apresiator
oge mibanda kaweruh jeung kamampuh anu béda-beda. Henteu sadayana ahli dina
basa.
Karya jeung tarekah anggota Patrem kiwari nu dipimpin
ku Prof. Dr. Chye Retty Isnesdes (Ketua), Dra. Eulis H. Saputra (Wakil Ketua),
Hena Sumarni, M.Pd. (Sekretaris) Sri Teti, M.Pd. (Bendahara), narekahan
ngajembaran ambahan lengkah garapan Patrem pikeun kamanfaatan ka balarea.
Ngalangkungan Pasasa (Patrem Saba Sakola), Papasa
(Patrem Paguneman Sastra), Patrem sacara
mandiri bari resep nguriling ka saban sakola pikeun ngipuk minat jeung bakat
siswa ngalangkungan literasi Sunda.
Ngajak tur ngawanohkeun barudak sakola, utamina siswa
SMP, SMA/SMK, salaku masarakat Sunda nu minat tapi teu acan wanoh pisan kana
jujutan karya sastra Sunda, pikeun boga karep nulis. Nu utami nyipta bacaan nu
bisa ngawakilan rasa basana kalayan bisa méré kanikmatan jiwa keur anu macana.
Mugia ieu tarekah ginulur bagja, ngawujud tur seueur
manfaatna. Ngahudang para apresiator anu bakal jadi promotor lahirn a para
pangarang Sunda lianna.
Sanes mung semet wangkongan tapi enya jadina dina aksi
anu nyata.
Luyu sareng visi misi Patrem nu kaunggel dina lagu
karataganana.
#PATREMAYA#