Anaking Jimat Awaking
Oleh Agus Setiawan
(Kepala SMAN 1 Cikampek)
Masih inget kénéh
waktu Abah nungguan hidep babar di luar rohangan bedah, teu bisa dipapalerkeun
teu genah cicing, haté teu bisa tenang.
Sabada gubragna
hidep ka alam dunya, Abah nuturkeun parawat ka rohangan husus ngarawat orok.
Hidep usik, ramo suku ngahaja disintreukan ku perawat ngarah ceurik. Hidep
ceurik, tapi ukur basajan, teu gogoakan kawas nu saméméhna dicipta-cipta. Panon
hidep gular-giler, sérab ku lampu nu nyorot. Pas paamprok teuteup…
Alhamdulillah Gusti… Hidep jagjag waringkas taya kakurangan. Alhamdulillah Abah
ogé kungsi nga'adzanan hidep. Harepanna ku ieu sora adzan, hidep ka hareupna
bisa Panceg dina Galur ngajalankeun hirup jeung huripna dina jalan kaISLAMan.
Anaking jimat
Awaking
Hidep kudu reueus
hirup huripna ngajadi diri sorangan.
Raksa amarah hidep
nu ngabalukarkeun kaduhung teu manggih tungtung. Jalanan hirup ku handap asor
ka papada manusa, jaga, riksa sarupaning anu dipiboga ku hidep. Soca tina
tinggalieun, ceuli tina dedengeun, Letah tina ucapkeuneun, leungeun tina
cabakeuneun. Suku tina lampahkeuneun. Jaga riksa lengkah paripolah tinu hal anu
matak raheut kana manah batur. Ngarah hidep hirup loba dulur, akur jeung
salembur.
Ulah poho, jaga,
riksa kaluhungan alam dunya. Da Gusti Anu Maha Suci nyiptakeun alam dunya teh
pikeun diropea estuning keur hirup huripna hidep jeung papada umat-Na.
Anaking jimat
Awaking
Hidep sing sadar,
ngajalanan hirup hurip di alam dunya teh heunteu gampang. Hidep moal salawasna
ngajalanan datarna hirup. Bakal nincak kana tanjakan jeung pudunan. Omat hidep
ulah kupur. Salawasna eling kanu Maha Agung, Nyembah kanu Maha Kawasa.
Turutkeun papagon ageman, jalankeun pituduh karuhun urang. Tah ieu anaking,
pepeling keur diri papatah keur awak, badan sakujur ingis laku lampah nincak
salah.
Anaking jimat
Awaking
Dina unggal
renghapan nu jadi indung bapa kaluar dunga anu mustajab pikeun anak-anakna
ngarah hirup pinangih jeung kabagjaan, kajembaran pikeun pibekeleun dina
engoning ngajalanan sagara kahirupan di alam dunya. Omat anaking hideup kudu
silih asah,silih asih, silih asuh, silih talingakeun nya diri, silih simbeuh
nya kukadeudeuh. Deheuskeun duduluran, rakeutkeun babarayaan, ulah rek
pakia-kia ulah rek pasalia paham hamo nepi ka papaseaan.
Anaking jimat
Awaking
Omat, ieu
peupeujeuh keur hirup huripna hidep salawasna. Bral anaking… jalanan hirup
huripna hidep. Sugan jeung sugan hidep bisa ngajadikeun diri hidep jadi Manusa
Unggul..
Ieu pepeling keur
hidep kudu ngukur ka kujur, sing inget kana purwadaksi sajatining diri salila
rumingkang di bumi alam..
Cag....
RS. IZZA Cikampek,
14022021
Advertisement
Berita Terkait
Kaji lainnya
Di Balik Telinga Kekuasaan: Ketika Elite Saling Menyadap dan Rakyat yang Hanya Menonton
MENGEMBANGKAN SEKOLAH BERORIENTASI EKOLOGI

Mengapa Jenderal Bisa Menyadap Presiden?

Uang dan Wanita

Urgensi Penilaian Kinerja Kepala Sekolah: Mengukur Kepemimpinan, Bukan Sekadar Administrasi

Implementasi Kurikulum Merdeka: Menghadirkan Pembelajaran yang Bermakna dan Berpusat pada Murid

ETIKA BERBAHASA DI RUANG PUBLIK

Kajian Jumat Pagi BM 400: Merenungi Luasnya Rahmat Allah melalui Surah al-Fatihah

Advertisement
